Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 47 >> 

1Kaula dibawa deui ka panto Bait Allah. Geuning ti handapeun bangbarung teh aya cai ngocor ngetan, ka lebah nyanghareupna Bait Allah. Caina turun, bijilna ti handapeun Bait Allah sisi kidul, ngaliwatan altar sisi kidul.

2Ti dinya kaula dibawa kaluar ti petakan gedong, liwat gapura kaler terus nguriling nepi ka lawang anu nyanghareup ka wetan. Di lebah gapurana cai nu tadi teh jadi walungan leutik.

3Ku anjeunna diukur ku tumbakanana, lima ratus meter ka hilir ka beulah wetan, seug kaula dipiwarang ngaraas ka dinya. Caina ngan semet mumuncangan.

4Anjeunna ngukur deui lima ratus meter ka hilir, caina semet tuur. Seug ngukur deui lima ratus meter ka hilireunana, caina semet cangkeng.

5Ngukur deui lima ratus meter ka hilir, caina beuki jero teu bisa diraas, jero teuing, kudu ngojay.

6Anjeunna ngalahir, "Eh anak manusa, ieu kabeh ingetkeun." Geus kitu kaula diajak ka sisi deui.

7Sanggeus aya di sisi, katenjo yen sapanjang sisina teh kenca katuhu pinuh ku tatangkalan.

8Saurna deui, "Ieu walungan ngocorna nerus ieu wewengkon ka wetan terus ka Lebak Yordan, ngamuarana ka Laut Paeh, tur bakal ngarobah cai Laut Paeh anu asin jadi tawar.

9Ka mana bae ngocorna ieu walungan tan wande loba sasatoan rupa-rupa kitu deui lauk, sarta bakal ngalantarankeun cai Laut Paeh jadi tawar, sarta ka mana bae ngocorna bakal mawa hirup-hurip.

10Ti Sumber cai di En Gedi nepi ka Sumber cai di En Eglaim, sapapanjang ieu walungan bakal loba tukang ngala lauk, sarta maroe heurapna di sisina. Sagala rupa lauk aya di dinya saperti di Laut Tengah.

11Tapi rawa-rawa jeung ranca-ranca sapanjang basisir mah caina tetep asin moal robah.

12Sapanjang sisi ieu walungan kenca-katuhu bakal pinuh ku rupa-rupa tangkal bubuahan anu ngareunah, daunna moal aya alumna, buahanana moal aya eureunna. Unggal bulan baruahan anyar, kawantu nyeuseup cai anu asalna ngocor ti Bait Allah. Buahna ngeunah didahar, daunna bisa dipake nyageurkeun anu garering."

13(47:13-14) PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Kami baheula geus ikrar kalawan sumpah ka karuhun maneh rek mikeun ieu tanah. Ku sabab kitu ayeuna bakal dipimilik ku anak incuna. Heug bagikeun sadulur-dulur ka dua welas kaom masing sarua. Ngan kaom Yusup kudu meunang dua bagian. Wawatesan ieu tanah nya eta:

14(47:13)

15Di beulah kaler, watesna ti semet Laut Tengah terus ngetan ka Hetlon, ka Hamat, ka Sedad,

16ka Berota jeung Sibraim (anu ayana antara wewengkon kota Damsik jeung kota Hamat), nepi ka Tikon (wates kota Hauran).

17Jadi wates beulah kaler ti semet Laut Tengah nepi ka Hasar Enan. Kalereun eta nya eta wates wewengkon Damsik jeung Hamat.

18Wates beulah wetan, mimiti ti hiji tempat antara wewengkon Damsik jeung Hauran, nunjangna ka kidul turut-turut Walungan Yordan anu jadi wates tanah Israil beulah kulon jeung tanah Gilad beulah wetan, nepi ka Tamar di Laut Paeh.

19Wates beulah kidul, ti semet Tamar ngidul-ngulon nepi ka Cinyusu Meriba di Kades. Ti dinya ngaler-ngulon turut-turut wates tanah Mesir nepi ka Laut Tengah.

20Ti beulah kulon watesna Laut Tengah, ngujur ka kaler nepi ka hiji tempat kuloneun jalan ka Hamat.

21Eta tanah bagikeun ka unggal kaom

22sina tetep kapimilik. Waktu ngabagina, urang asing oge, anu caricing di maraneh nepi ka baroga anak, kudu dibagianan, kudu dianggap sarua jeung warga Israil asli, barere elot sina narik tanah bagianana bareng jeung kaom-kaom Israil.

23Kabeh urang asing anu caricing di kaom-kaom Israil, masing-masing kudu dibagianan tanah. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 47 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel