Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 6 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula,

2"Eh anak manusa, teuteup pagunungan Israil, sarta ucapkeun ieu amanat Kami.

3Bejakeun ka eta pagunungan Israil, dengekeun kituh sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, anu baris diucapkeun ka gunung-gunung, pasir-pasir, jungkrang-jungkrang, jeung lebak-lebakna. Kieu: Kami rek ngadatangkeun hiji pedang, geusan nyacar tempat-tempat anu ku urang dinya diparake muja ka brahala-brahala.

4Altar-altarna bakal dirugrug-rugrugkeun, parukuyan-parukuyanana bakal diremuk-remukkeun. Jelemana bakal ditumpes, paraeh hareupeun brahala-brahalana.

5Bangke-bangke urang Israil bakal patulayah, tulang-talengna bakal pabalatak di saputereun altar-altarna.

6Nagri-nagri Israil bakal ditumpurkeun, altar-altar jeung brahala-brahalana bakal diajur-ajurkeun, parukuyan-parukuyanana bakal diraremukkeun, sagala rupa jijieunan maranehna bakal dimusnakeun.

7Jalma-jalma di ditu di dieu bakal diparaehan, nepi ka sesana anu harirup keneh eling, yen Kami teh PANGERAN.

8Sawareh ku Kami arek dihaja luput ti anu mareuncit, arek disebar ka bangsa-bangsa sejen,

9sina hirup di pangbuangan. Sina areling di dinya, sina ngarasa, yen nu matak Kami nepi ka ngahukum jeung ngaragragkeun martabatna teh lantaran hatena henteu satia ka Kami, geus narukangan Kami, leuwih resep muja ka brahala ti batan ngabakti ka Kami. Maranehna bakal geuleuh ka dirina sorangan, dumeh geus nyieun kajahatan jeung kalakuan anu ngaragragkeun martabatna.

10Sina karasaeun ku maranehna yen Kami teh PANGERAN, sarta peringetan-peringetan Kami lain ancaman kosong."

11PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka kaula, "Ulang-ulang leungeun maneh, suku tenjrag-tenjragkeun! Tuluy gegerungan, nandakeun kaduhung ku sagala kajahatan jeung kalakuan Israil anu pikaijideun. Maranehna bakal paraeh ku perang, ku kalaparan, jeung ku panyakit.

12Nu jarauh bakal garering jeung paraeh; nu dareukeut bakal paraeh ku perang, sesana bakal paraeh lantaran kalaparan. Maraneh bakal ngarasakeun hebatna amarah Kami.

13Bangke-bangke bakal patulayah pacampur jeung brahala-brahala jeung altar-altarna, bacacar di puncak pasir luhur, di unggal puncak gunung, di unggal handapeun tangkal anu gomplok, di unggal handapeun tangkal anu gede, cindekna di unggal tempat paranti maranehna ngaduruk kurban ka brahala-brahala. Maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.

14Saestuna, panangan Kami bakal nyolongkrong ngabasmi nagri maranehna, rek dijieun suwung, mimiti ti gurun keusik beulah kidul, nepi ka Ribla beulah kaler; unggal tempat padumukan urang Israil ku Kami hamo aya anu dikarikeun. Geus kitu unggal jalma bakal nyaho yen Kami teh PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel