Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 16 >> 

1PANGERAN ngadawuh deui ka kaula, dawuhana-Na,

2"Di tempat anu kieu maneh ulah kawin, ulah boga anak.

3Kami mere nyaho pikumahaeun nasibna barudak anu dijurukeun di dieu kitu deui indung bapana.

4Maranehna bakal paraeh ku panyakit anu kacida jahatna, tur moal aya anu nyaleungceurikan, moal aya anu nguburkeun. Bangke-bangkena bakal tingtarumpuk kawas gemuk taneuh. Paraehna ku perang atawa ku kalaparan, bangke-bangkena bakal diharakanan ku manuk jeung ku sato-sato galak.

5Maneh ulah ngasupan imah anu jelemana keur kasungkawaan. Ulah rek milu mangnalangsakeun saha-saha. Kami moal rek maparin deui katengtreman, moal rek mikanyaah atawa mikarunya deui.

6Boh nu baleunghar boh nu mariskin, bakal paraeh di ieu tanah, tapi moal aya nu ngubur, moal aya nu nalangsa. Moal aya anu nurihan maneh atawa ngagundulan maneh tandaning sungkawa.

7Ka nu ditinggalkeun ku jalma kadeudeuh oge, moal aya anu daratang geusan ngariung dahar jeung nginum tandaning milu bela sungkawa. Malah ka nu ditinggalkeun paeh ku indung atawa ku bapa oge, moal aya saurang-urang acan anu milu prihatin.

8Ulah asup ka imah jelema anu keur hajat. Ulah milu dahar atawa nginum.

9Regepkeun ieu anu rek diandikakeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allahna Israil. Sora-sora gumbira, sora-sora suka, ku Kami arek dibungkem, kitu deui sora-sora bagja di nu kawinan. Kaayaan kitu bakal kasaksian ku jelema-jelema anu kiwari harirup keneh di dieu.

10Di mana ieu pangandika ku maneh geus diuarkeun ka maranehanana, tangtu maranehanana naranyakeun naon sababna Kami nangtukeun baris ngahukum maranehanana sakitu kerasna. Tangtu maranehanana naranyakeun kajahatan naon, kasalahan naon jeung dosa naon anu ku maranehna geus dipake ngalawan ka PANGERAN Allahna.

11Bejakeun kieu kituh pangandika PANGERAN: Karuhun maraneh geus murtad ti Kami tuluy nyarembah jeung ngabarakti ka allah-allah palsu. Geus nyalingkir ti Kami, teu narurut kana piwuruk Kami.

12Tapi maraneh mah leuwih jahat ti batan karuhun, kabeh warangkelang, daroraka, boro-boro anut ka Kami.

13Ku sabab kitu maraneh ku Kami rek dipeclengkeun ka hiji tanah anu tacan pisan kanyahoan boh ku maraneh, boh ku karuhun maraneh. Di ditu maraneh bakal ngawula ka allah-allah sejen, beurang peuting, sarta Kami moal rek mikawatir."

14Timbalan PANGERAN, "Engke aya mangsana jalma-jalma moal deui sumpah demi Kami Allah nu jumeneng, anu ngaluarkeun urang Israil ti tanah Mesir.

15Engke mah sumpahna teh demi Kami Allah nu jumeneng, anu ngaluarkeun urang Israil ti tanah di tatar kaler, jeung ti sakabeh nagara tempatna dipabalencarkeun. Maranehna ku Kami rek dipulangkeun ka nagrina sorangan, ka tanah anu ku Kami geus dibikeun ka karuhunna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

16PANGERAN nimbalan, "Kami rek ngadatangkeun pamayang masing rea, sina newakan eta jelema-jelema. Arek ngajurung paninggaran masing rea, sina moro maranehanana ti saban gunung, ti unggal pasir jeung tina sela-sela batu cadas.

17Sagala lampahna ku Kami katingali. Moal aya nu kaalingan ti Kami; dosa-dosana moal ngiles tina paningali Kami.

18Dosa jeung kajahatanana rek dikudukeun dibayar dua tikel, lantaran geus ngarurujit tanah Kami ku arca-arca anu teu nyawaan kawas mayit, dirurujit deui ku allah-allah anu paralsu."

19Nun PANGERAN, mung Gusti bae anu ngaraksa sareng maparin kakiatan ka abdi, anu sok nulung ka abdi dina waktos kasesahan. Bangsa-bangsa ti satungtung bumi bakal darongkap ka Gusti bari arunjukan, "Kagaduh karuhun abdi-abdi mah taya sanes kajabi ti allah-allah anu paralsu, arca-arca anu teu aya paedahna.

20Naha tiasa manusa nyieun allah-allah keur sembaheunana sorangan? Sanes ge Allah upami tiasa dijieun mah."

21"Ku sabab eta," timbalan PANGERAN, "ayeuna jeung keur salalawasna bangsa-bangsa ku Kami rek diebrehan kakawasaan jeung kakuatan Kami; sina nyaraho yen Kami teh PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel