Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 28 >> 

1Dina taun eta, nya eta taun kaopat Sidkia jadi raja, dina bulan kalima, aya hiji nabi ti kota Gibon, nya eta Hananya bin Asur, ngajak ngomong ka kaula di Bait Allah. Ngomongna di hareupeun para imam jeung jalma rea.

2Carekna, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah urang Israil, ngandika kieu, "Kami geus meunggaskeun kakawasaan raja Babul.

3Dua taun deui barang-barang Bait Kami anu ku Nebukadnesar diakut ka Babul, ku Kami rek dipulangkeun ka ieu tempat.

4Kitu deui Yoyakin anak Yoyakim raja Yuda, katut sakabeh urang Yuda anu diboyong ka Babul, ku Kami bakal dipulangkeun deui ka dieu. Geus pasti, kakawasaan raja Babul dipeunggaskeun ku Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

5Tembal kaula, kasaksian ku para imam jeung jalma rea,

6"Amin! Mugi leres kitu pangersa PANGERAN! Kacida kaula ngamuga-mugana, mugi Mantenna leres ngabuktoskeun panorah saderek, mulangkeun ti Babul sagala rupi barang Bait Allah, kitu deui dulur-dulur anu kapungkur diboyong jaradi tawanan.

7Nanging kieu pihatur kaula ka saderek kitu deui ka sadayana.

8Kapungkur pisan, memeh kaula sareng memeh anjeun, nabi-nabi ngawarejangna teh kieu saurna: bangsa rea kitu deui karajaan-karajaan anu karuat, bakal katarajang ku perang, ku kalaparan, ku pagebug.

9Jadi upama aya nabi anu norah pisalameteun, nembe tiasa disebat nabi sajati, anu leres-leres diutus ku PANGERAN, upama panorahna tea bukti."

10Kek Hananya nyekel kana pasangan dina punduk kaula, dilaan terus dipinggeskeun,

11bari pok ngomong ka jalma rea, "Timbalan PANGERAN, kieu petana Mantenna bakal minggeskeun pasangan anu diterapkeun ku Raja Nebukadnesar kana punduk sakabeh bangsa. Ku Mantenna baris dibuktikeun dua taun deui." Geus kitu kaula indit ti dinya.

12Henteu lila ti harita, PANGERAN nimbalan ka kaula,

13miwarang nepungan deui Hananya sarta kudu ngomong kieu, "Pasangan tina kai geus bisa ku maneh dipinggeskeun, tapi ku Kami rek diganti ku pasangan tina beusi.

14PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah urang Israil nimbalan, yen eta sakabeh bangsa bakal diterapan pasangan tina beusi, sarta kabeh sina ngawula ka Raja Nebukadnesar ti Babul. Malah sato-sato galak oge, timbalan PANGERAN, sina taraluk ka Nebukadnesar."

15Eta timbalan ku kaula diomongkeun ka Hananya, disambung kieu, "Saderek Hananya! PANGERAN henteu ngutus anjeun. Jalma rea ku anjeun sina percaya kana bohong.

16Ku sabab eta, timbalan PANGERAN, anjeun ku Mantenna bakal disirnakeun ti dunya. Memeh tutup taun ieu, anjeun bakal maot, sabab anjeun ngajak jalma rea ngalawan ka PANGERAN."

17Bukti, dina taun eta keneh, dina bulan katujuh, Hananya maot.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel