Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 30 >> 

1PANGERAN, Allah Israil,

2nimbalan ka kaula, "Catetkeun sagala hal anu geus diandikakeun, jieun buku.

3Sabab geus meh cunduk kana waktu, Kami rek ngajait Israil jeung Yuda, umat Kami. Sina marulang deui ka dieu, tanah milik karuhunna ti Kami, sina kapimilik deui ku maranehna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

4Kieu timbalan PANGERAN ka urang Israil jeung urang Yuda,

5"Aya sora kadangu ku Kami, sora nu geumpeur, sora nu sieun, nu taya katengtreman.

6Geus, geura repeh! Coba pikir, na ari lalaki osok ngajuru? Parandene katingalina ku Kami, unggal lalaki pepelengkingan nyarekelan beuteung, kawas awewe rek ngajuru bae! Ku naon unggal beungeut sararepa?

7Enya nyanghareupan mangsa pibahlaeun tea mah, pibahlaeun gede, taya babandinganana, anu baris nyorang ka umat Kami, tapi umat Kami tangtu bisa luput."

8Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Lamun eta mangsa geus datang, Kami rek minggeskeun pasangan tina beuheung umat Kami, rantena diudar. Umat Kami geus teu kudu ngabdi deui ka bangsa batur.

9Ngabdina bakal ka Kami, PANGERAN Allahna, jeung ka hiji jelema turunan Daud, anu ku Kami rek dibere tahta, jadi raja.

10Tong sarieun, eh umat Kami! Tong reuwas-reuwas, eh urang Israil! Maraneh ku Kami tangtu dijait, rek disusul ka nu jauh, diala ti pangbuangan. Maraneh tangtu marulang ka nagri sorangan, hirup dina kabagjaan, sepi karisi karempan.

11Tangtu ku Kami diteang, disalametkeun. Ari bangsa-bangsa, tempat maraneh ku Kami dipaburencaykeun, eta geus tangtu dibasmi. Moal, maraneh mah moal dibasmi. Bener sok dihukum tea mah ku Kami, tapi Kami ngahukum teh reujeung adil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

12Timbalan PANGERAN ka umat-Na, "Raheut maneh henteu bisa diubaran, bohak-bohakna henteu bisa ditambaan.

13Mana taya anu mirosea, mana kanyeri taya ubarna, raheutna samar bisa cageur.

14Kakasih-kakasih geus mopohokeun, geus teu harayangeun malire. Kami ka maneh narajang kawas ka musuh, ngahajar bengis kacida, sabab maneh loba dosa, jarahat kabina-bina.

15Meugeus, kanyeri teh ulah dipake rumahuh, geus taya piubareunana. Mana disiksa nepi ka kitu ge sabab maneh loba dosa, jarahat kabina-bina.

16Tapi ayeuna, anu bareto ngalegleg, bakal dilegleg. Musuh maneh bakal dibuang. Nu bareto nganiaya, rek dikaniaya. Anu bareto ka maneh ngaranjah, bakal aya nu ngaranjah.

17Maneh ku Kami rek dicageurkeun, raheutna urang ubaran, najan ceuk musuh, ‘Sion geus jadi ruruntuhan, enggeus euweuh anu malire.’ Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

18Timbalan PANGERAN, "Umat Kami ku Kami rek dipulihkeun, ka lemburna dipulangkeun, unggal jelema rek dipikarunya. Yerusalem rek diadegkeun deui, karatonna diomean.

19Eusi kotana bakal maruji sukur, sarurak saruka bungah. Ku Kami rek diberkahan, sina jembar baranahan, sina meunang kamulyaan.

20Kakawasaan eta bangsa baris pulih deui, cara baheula bihari, ngadeg deui, nanjeur deui. Anu nganiaya ka maranehna, tangtu ku Kami dihukum.

21Ari pirajaeunana nya ti bangsana keneh, pamarentahna nya ti maranehna keneh. Samangsa-mangsa ku Kami diondang, eta teh tangtu datang nemonan. Sabab saha nu wani datang ka Kami, lamun ku Kami henteu diondang?

22Maranehna bakal piumateun Kami, Kami Allahna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

23(30:23-24) Benduna PANGERAN lir topan, budalna lir angin ribut ngagelebug, nyamberan sirah jalma-jalma jahat. Moal waka eureun samemeh sagala pangersa-Na laksana. Hal eta kakara kaharti ku umat-Na dina mangsa nu bakal datang.

24(30:23)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 30 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel