Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 32 >> 

1Dina taun kasapuluh Sidkia jumeneng raja Yuda, meneran taun kadalapan belas Nebukadnesar jumeneng raja di Babul, PANGERAN nimbalan ka kaula.

2Harita balad raja Babul keur ngagempur Yerusalem. Ari kaula harita teh keur dikerem di jero tutupan di buruan karaton raja,

3keur dipanjara ku Raja Sidkia. Anjeunna teu raoseun manah, pedah kaula nepikeun pangandika PANGERAN anu kieu, "Ieu nagara ku Kami rek diselehkeun ka raja Babul.

4Ari Raja Sidkia moal bisa lolos, bakal beunang ku raja Babul, sina paadu beungeut jeung eta raja, sina palemek adu hareupan.

5Sidkia bakal dibawa ka Babul, rek diantep sina di ditu nepi ka diteang ku Kami. Najan upama manehna ngalawan ge ka urang Babul, moal hasil. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

6(32:6-7) PANGERAN nimbalan yen rek aya nu datang ka kaula, nya eta Hanamel, anak paman Salum, rek nawarkeun lahanna anu di Anatot, di wilayah tanah Binyamin, dumeh kaula barayana nu pangdeukeutna, jeung boga hak meuli eta lahan.

7(32:6)

8Nyata sakumaha timbalan PANGERAN, Hanamel nepungan kaula di buruan karaton, nawarkeun lahanna. Geus kitu mah kaula yakin, yen enya PANGERAN ngandika kitu.

9Seug lahan teh dibeuli ti Hanamel, duitna ditimbang. Hargana teh tujuh belas gebleg perak.

10Surat jual-beulina ku kaula ditanda, kalawan make saksi-saksi, tuluy duitna ditimbang dina timbangan.

11Surat jual-beulina tea duanana dicekel ku kaula, boh anu disegel, anu dieusi katangtuan jeung sarat-sarat, boh salinanana anu teu make segel.

12Duanana ku kaula diserenkeun ka Baruk bin Neria, incuna Mahseya. Diserenkeunana kasaksian ku Hanamel jeung ku saksi-saksi anu marilu nanda dina eta surat jual-beulina, kitu deui ku nu sejen nu araya di dinya.

13Geus kitu kaula ngomong ka Baruk, hareupeun maranehna,

14"Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, urus ku anjeun ieu surat-surat teh, anu disegel jeung salinanana anu teu disegel, simpen dina goci supaya tahan taunan.

15PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, geus ngandika yen imah-imah, lahan-lahan jeung kebon-kebon anggur di ieu tanah, bakal dibareulian deui."

16Sanggeus masrahkeun eta surat jual-beuli ka Baruk, kaula tuluy neneda,

17"Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Gusti ngadamel bumi sareng langit ku pangawasa sareng kakiatan tanpa tanding; kanggo Gusti mah teu aya perkawis anu bangga.

18Gusti tara kendat nganyatakeun welas asih ka mangrebu-rebu jalma. Sawangsulna ngahukum jalma-jalma ku margi dosa kolot-kolotna. Gusti teh Allah nu agung sareng perkasa, PANGERAN Nu Maha Kawasa.

19Bijaksana nya tarekah, araheng nya dadamelan. Maha uninga kana laku lampah manusa, ngaganjar jalmi satimpal sareng lampahna.

20Baheula, di Mesir, Gusti ngadamel rupi-rupi mujijat, rupi-rupi kaahengan, malah dugi ka ayeuna pisan, boh di Israil, boh di bangsa-bangsa sanes, dugi ka jenengan Gusti kamashur di mana-mendi.

21Eta mujijat-mujijat sareng kaahengan-kaahengan, anu dipikagimir ku musuh, ku Gusti dianggo nganyatakeun pangawasa sareng kakiatan, kanggo ngaluarkeun umat Gusti, Israil, ti Mesir.

22Eta umat ku Gusti dipaparin ieu tanah anu makmur sareng subur, luyu sareng jangji Gusti ka karuhunna.

23Nanging saparantos maranehna darongkap sareng ngamilik ieu tanah, ka Gusti henteu narurut, hirupna nyimpang tina piwulang Gusti. Parentah sareng papakon ti Gusti teu dilampahkeun. Kitu nu mawi ku Gusti sina nandangan rupi-rupi kacilakaan.

24Ieu kota parantos dilingkung ku tanggul-tanggul, dikepung ku urang Babul, bade direbut. Maranehna parantos ngambreg. Ieu kota nuju diambreg ku perang, ku kalaparan, sareng ku panyakit, tangtos ku musuh bakal karebut. Saleresna pisan, sagala timbalan Gusti parantos ngajadi.

25Parandene, nun PANGERAN Nu Maha Agung, dina kaayaan ieu kota parantos tangtos karebut ku urang Babul, Gusti bet miwarang abdi meser lahan, tur nganggo saksi sagala."

26Ti dinya PANGERAN ngawaler,

27"Kami teh PANGERAN, Allah sakabeh manusa. Pikeun Kami taya perkara nu bangga.

28Ieu kota memang ku Kami rek diselehkeun ka Raja Nebukadnesar jeung baladna, ku eta bakal direbut.

29Terus disundut ku seuneu, dihuru nepi ka rata jeung taneuh, kitu deui imah-imah anu ngahudang amarah Kami, anu loteng-lotengna diparake ngukus ka Dewa Baal, jeung diparake nyaricikeun anggur, sasajen ka allah-allah sejen.

30Geus ti mimiti keneh, ti barang aya sajarahna, kalakuan urang Israil jeung urang Yuda teh matak pikaijideun Kami, matak ngahudang amarah bae.

31Ti barang ieu kota ngadeg, jelema-jelemana mutuh matak kesel hate, matak jengkel bae. Mana ku Kami dipastikeun rek diruksak,

32lantaran nya urang Yuda, nya urang Yerusalem, katut raja-rajana, para pamingpinna, para imamna jeung nabi-nabina, geus kabina-bina dosana.

33Geus naronggongan ka Kami. Dileukeunan diwurukan ge weleh henteu ngadarenge, piwuruk Kami teu diparake.

34Malah-malah nepi ka nareundeun arca-arca brahala pikaijideun di Bait Kami. Gedong paranti ngabakti ka Kami teh dirurujit.

35Jaba ti kitu, nyarieun altar di Lebak Hinom jeung nyarembah Dewa Baal, diparake ngaduruk anak-anakna awewe lalaki, dikurban-kurbankeun ka Dewa Molok. Padahal Kami mah ulah-bon nepi ka marentahkeun kitu, teu asup-asup acan kana pikiran ngudukeun kitu ka maranehna, atawa nitah Yuda nyieun dosa."

36PANGERAN, Allah Israil nimbalan, "Yermia, ayeuna ceuk jalma-jalma, ieu kota geus tangtu karebut ku raja Babul, lantaran diambreg ku perang, ku kalaparan, jeung ku panyakit. Ayeuna regepkeun, Kami arek nimbalan.

37Jalma-jalma anu bareto waktu Kami keur jengkel dipabalencarkeun, ku Kami rek dikumpulkeun ti saban nagri tempat pabalencarna, rek dibawa mulang deui ka ieu tempat, sina jarongjon hirupna.

38Sina jaradi umat Kami, Kami Allahna.

39Rek sina saniat, sahate dina hirupna, nya eta: Hormat ka Kami saumur-umur, sangkan jamuga dirina, jamuga anak-anakna.

40Kami rek ngayakeun hiji perjangjian jeung maranehna anu umurna langgeng. Maranehna moal pegat-pegat disenangkeun, jeung sina sarieun ku Kami kalawan hate gembleng, sina ulah nyalingkir deui ti Kami.

41Kami suka nyenangkeun ka maranehna, sina tetep-tumetep di ieu tanah.

42Lamun Kami bareto ka ieu bangsa mere balahi, ayeuna arek mere rupa-rupa kabagjaan, sakumaha jangji Kami tea.

43Ayeuna ceuk maranehna ieu tanah tangtu jadi kawas tegal suwung, sepi taya pangeusina, taya jalma taya sato, tuluy dijabel ku urang Babul. Saenyana lahan-lahan di ieu tanah kabeh oge bakal dibeuli deui.

44Dibareulian ku rahayat make surat jual-beuli anu disegel, ditanda lengkep jeung saksi-saksi, nya eta lahan-lahan di wilayah tanah Binyamin, di desa-desa sakurilingeun Yerusalem, di kota-kota tanah Yuda, di kota-kota pagunungan, di suku-suku gunung, jeung di pakidulan tanah Yuda. Jalma-jalma teh ku Kami rek dipulangkeun deui ka ieu tanah lemah caina. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel