Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 36 >> 

1Dina taun kaopat Yoyakim putra Yosia jadina raja di nagri Yuda, PANGERAN nimbalan ka kaula,

2"Sakur anu ku Kami geus diandikakeun ka maneh tina hal urang Israil, urang Yuda jeung bangsa-bangsa, tuliskeun. Kabeh, ti barang Kami mimiti ngandika ka maneh, ti jaman Raja Yosia nepi ka ayeuna.

3Ari ngadarenge yen bakal aya rupa-rupa picilakaeun mah ti Kami, sugan daraekeun urang Yuda teh babalik pikir, ngeureunan kagorenganana. Kami tangtu daek ngahampura sagala kajahatan jeung dosa-dosana."

4Ti dinya kaula nyalukan Baruk bin Neria. Sagala timbalan PANGERAN tea ku kaula didiktekeun. Ku Baruk dituliskeun dina kitab gulung.

5Sanggeus anggeus, kieu ceuk kaula ka Baruk, "Bapa geus teu meunang asup ka Bait Allah.

6Ku sabab eta engke dina waktu puasa hidep ka ditu. Pangmacakeun ieu kitab ka jalma rea sing tarik, sina kadarengeeun timbalan-timbalan PANGERAN anu ku Bapa didiktekeun ka hidep tea. Bacakeun ka saha bae, oge ka urang Yuda anu daratang ti kotana masing-masing.

7Ari nyarahoeun yen PANGERAN sakitu bendu-Na nepi ka ngancam sakitu bangetna mah, sugan maranehna daraekeun sasambat ka Mantenna."

8Seug eta pangandika-pangandika PANGERAN teh ku Baruk dibaca di Bait Allah, sakumaha pamenta kaula.

9Dina bulan kasalapan, taun kalima Yoyakim jadi raja Yuda, urang Israil paruasa ngalap kurnia PANGERAN. Urang Yerusalem kitu deui urang Yuda anu daratang ka ibukota ti kotana masing-masing, kabeh paruasa.

10Sanggeus jalma rea kumpul, Baruk maca kitab pangandika anu beunang ngadiktekeun tea. Dibacana di Bait Allah di kamar Gemarya bin Sapan, anu jadi jurutulis di dinya. Kamarna pernahna di bagian girang Bait Allah, deukeut lawang asup anu disebut Gapura Anyar.

11Aya hiji jelema ngaranna Mikaya bin Gemarya incu Sapan. Sanggeus ngadenge eta pangandika-pangandika dibaca ku Baruk,

12tuluy indit ka karaton raja. Sup asup ka kamar jurutulis karaton, nepungan para ponggawa anu keur sidang, nya eta Elisama jurutulis karaton, Elnatan bin Akbor, Gemarya bin Sapan, Sidkia bin Hananya, jeung para ponggawa sejenna.

13Di dinya pangandika-pangandika anu ku Baruk dibacakeun ka jalma rea teh ku manehna dicaritakeun deui kabeh.

14Geus kitu para pajabat ngutus Yehudi bin Netanya, incu Selemya bin Kusi sina ngala Baruk jeung kitab pangandika anu dibacakeun ka jalma rea tea. Baruk datang mawa eta kitab.

15"Pek diuk," ceuk para pajabat, "cik baca deui eta kitab teh." Seug ku Baruk dibaca.

16Sanggeus anggeus, para pajabat teh kacida palaureunana, seug silih teuteup. "Ieu hal kudu diunjukkeun ka raja," ceuk maranehna ka Baruk,

17bari tuluy naranya, "Coba caritakeun, kumaha asalna maneh nulis kitu? Dititah ku Yermia?"

18Jawab Baruk, "Leres. Tiap pangandika, Yermia anu ngadikte, kaula anu nyeratna dina ieu kitab ku mangsi."

19"Maneh jeung Yermia kudu nyumput masing buni," ceuk para pajabat ka Baruk, "kade ulah nepi ka kapanggih."

20Geus kitu para pajabat arindit ka karaton, ngunjukkeun eta perkara. Ari kitab tea ditunda heula di kamar Elisama jurutulis.

21Raja miwarang Yehudi nyokot eta kitab, tuluy dicokot ti kamar Elisama, seug dibacakeun ka raja jeung ka para mantri anu keur ngadareuheus.

22Sang raja calikna di karaton paranti usum tiris, mayunan seuneu, kawantu keur usum tiris.

23Ana Yehudi macana geus tilu atawa opat kolom, anu geus dibaca teh ku raja dikeureut ku peso leutik, tuluy dialung-alungkeun kana seuneu. Kitu jeung kitu bae, nepi ka kitab beak sagulunganana.

24Boh raja boh para pajabat, ngadenge eusi eta kitab teh sama sakali teu ngarasa sieun atawa nembongkeun rasa kaduhung.

25Diemutan oge ku Elnatan, ku Delaya jeung ku Gemarya sangkan eta kitab ulah diduruk, raja teu kersa ngadangu.

26Raja tuluy nimbalan ka Yerahmel, putra raja ka Seraya bin Asriel jeung ka Selemya bin Abdel, miwarang nangkep kaula jeung Baruk anu jadi jurutulis kaula. Tapi kaula duaan disumputkeun ku PANGERAN.

27Sanggeus Raja Yoyakim ngaduruk kitab anu ku kaula didiktekeun ka Baruk, PANGERAN nimbalan ka kaula.

28Timbalana-Na, pangandika-pangandika-Na anu ditulis dina kitab anu ti heula, kabeh kudu ditulis deui.

29Geus kitu Mantenna miwarang kaula nepikeun pangandika ieu ka raja, "Maneh geus ngaduruk eta kitab, tuluy mariksa naon sababna Yermia nulis yen raja Babul bakal datang narajang ieu tanah, numpes pangeusina, nya jalma nya sato.

30Ku sabab kitu ayeuna Kami ngandika ka maneh, eh Raja Yoyakim! Turunan maneh moal aya anu jadi raja di karajaan Daud. Bangke maneh bakal dialungkeun sina ngajolopong, ti beurang kapanasan, ti peuting katiisan.

31Maneh rek dihukum ku Kami, oge turunan maneh jeung para ponggawa, sabab geus nyieun kadorakaan. Nya maneh, nya urang Yerusalem, nya urang Yuda, euweuh anu daek malire kana panggeuing Kami. Ku sabab kitu, sagala rupa bahla anu ku Kami geus diancamkeun tea tangtu narajang ka maraneh."

32Geus kitu kaula nyokot deui keretas sagulung, dipasrahkeun ka Baruk jurutulis kaula. Tuluy manehna nuliskeun sagala rupa anu ku kaula diucapkeun. Eusina sarua jeung nu ti heula, nya eta pangandika-pangandika anu geus didiktekeun ti heula ka manehna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 36 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel