Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 52 >> 

1Waktu Sidkia jadi raja Yuda, yuswana dua puluh hiji taun jeung marentahna di Yerusalem meunang sabelas taun. Ari jenengan ibuna Hamutal putra Yermia urang kota Libna.

2Raja Sidkia ngalampahkeun dosa ka PANGERAN, teu beda ti Raja Yoyakim bae.

3PANGERAN kacida benduna ka urang Yerusalem jeung Yuda, nepi ka maranehanana disingkirkeun ti payuneuna-Na. Sidkia ngalawan ka Raja Nebukadnesar, raja nagri Babul.

4Ku sabab kitu Nebukadnesar nyandak balad tuluy nempuh Yerusalem dina tanggal sapuluh bulan sapuluh taun kasalapan pamarentahan Sidkia. Baladna nyarieun pakemahan di luareun eta kota, nyieun tembok-tembok pangepungan di sakurilingna.

5Eta kota terus dikepung nepi ka taun anu kasabelas pamarentahan Raja Sidkia.

6Dina tanggal salapan bulan opat taun eta, dina keur meumeujeuhna diamuk ku bahya kalaparan nepi ka rahayat geus teu baroga pisan dahareun,

7kuta eta kota geus bisa ditorobos ku musuh. Tapi tentara-tentara nagri Yuda kabeh kalabur ti peuting, sanajan sakitu dikepungna oge ku urang Babul. Kalaburna make jalan ka taman karajaan, ngaliwatan gapura nu nyambungkeun tempat patepungna dua kuta, ti dinya terus muru ka Lebak Yordan.

8Tapi Raja Sidkia diudag ku balad Babul, nepi ka katangkep di hiji tegal deukeut Yeriho, ditaringgalkeun ku sakabeh baladna.

9Sidkia dibawa ka Raja Nebukadnesar nu keur calik di kota Ribla di wewengkon Hamat, ti dinya anjeunna ku Nebukadnesar ditibanan hukuman.

10Di Ribla putra-putra Sidkia dipaehan di payuneun Sidkia pisan, kitu deui para pajabat nagri Yuda.

11Geus kitu Sidkia dicokel socana, tuluy dirante sarta dibawa ka Babul. Di Babulna dipanjara nepi ka pupusna.

12Dina tanggal sapuluh bulan kalima taun kasalapan Nebukadnesar jumeneng raja di Babul, Nebusaradan, anu jadi jurunasehat raja sarta panglima perang asup ka Yerusalem.

13Bait Allah, karaton jeung imah jalma-jalma penting di Yerusalem ku manehna dihuru;

14tembok benteng kotana diruntuh-runtuhkeun ku serdadu-serdaduna.

15Ti dinya sakur nu araya keneh di eta kota, patukangan anu harirup keneh jeung jalma-jalma anu tadina bariluk ka urang Babul, ku Nebusaradan diakut ka Babul.

16Tapi ari jalma-jalma anu mariskin di Yuda mah, nya eta nu teu boga nanaon, ku manehna diantep sina caricing di dinya, dititah ngebon anggur jeung melak gandum.

17Jeung deui urang Babul teh ngancurkeun pilar-pilar tambaga nu di Bait Allah katut papadatianana, nya kitu deui paso tambagana, seug eta tambaga teh diakut kabeh ka Babul.

18Singkup-singkup jeung wadah lebu paranti ngosokan altar, jeung parabot-parabot paranti meresihan lampu-lampu, baskom-baskom paranti nandean getih sato kurban, parukuyan-parukuyan katut barang-barang parunggu lianna keur kaperluan di Bait Allah, eta oge diarakutan.

19Kitu deui sagala rupa nu dijieun tina perak jeung emas kayaning: mangkok-mangkok leutik, panci-panci wadah ruhak, mangkok-mangkok wadah getih sato kurban, wadah-wadah lebu, suku-suku lampu, mangkok-mangkok wadah seuseungitan jeung mangkok-mangkok paranti ngawadahan anggur kurban.

20Barang-barang tambaga beunang ngadamel Raja Suleman pikeun kaperluan Bait Allah, nya eta dua pilar, papadatian, paso gede katut dua belas sasapian pananggeuyna, anu beuratna geus moal bisa ditimbang.

21(52:21-22) Pilar anu dua tea ukuranana sarua luhurna 8 meter, ukuran buleudna 5,3 meter. Kosong di tengahna, kandelna 75 milimeter. Di tungtungna masing-masing aya mamakutaan tina tambaga keneh anu luhurna 2,2 meter sarta di sakurilingna dihias ku anyaman digantungan dadalimaan, kabeh tina tambaga.

22(52:21)

23Dadalimaan anu ngagarantung dina anyaman dina tiap pilar lobana saratus siki. Tapi anu tembong ti handap mah, masing-masing ngan salapan puluh genep.

24Satuluyna Panglima Nebusaradan nangkep Seraya, Imam Agung, Sepanya imam kadua jeung tilu urang deui pajabat penting Bait Allah.

25Ti jero kota anu ditangkep teh nya eta panglima pasukan-pasukan, tujuh urang juru nasehat pribadi raja nu araya keneh di kota, sarta wakil panglima purah nyatetkeun laporan katentaraan, jeung genep puluh jelema penting sejenna.

26Ku Nebusaradan maranehna dibawa ka raja Babul nu keur calik di kota Ribla,

27di wewengkon Hamat. Maranehna di dinya ku raja disiksa nepi ka maraotna. Jadi urang Yuda teh diakut ka pangbuangan.

28Jalma-jalma anu ditawan jeung diboyong ku Nebukadnesar teh kieu berendelanana: dina taun katujuh jadina raja, anjeunna ngaboyong 3.023 urang;

29dina taun kadalapan belas, 832 urang ti Yerusalem;

30dina taun kadua puluh tilu 745, diboyongna ku Nebusaradan. Jumlah anu dibaroyong teh kabehna 4.600 urang.

31Sanggeus Yoyakin raja Yuda dipanjarana di pangbuangan meunang 37 taun, dina tanggal dua puluh lima bulan kadua belas taun eta, meunang piwelas ti Ewil Merodak raja Babul gaganti Raja Nebukadnesar, sarta dikaluarkeun ti jero panjara.

32Ewil Merodak hade pisan ka anjeunna sarta maparin kalungguhan nu leuwih mulya ti batan anu dipaparinkeun ka raja-raja sejenna anu dibaroyong ka Babul jeung anjeunna.

33Ku kituna Yoyakin diidinan ngaganti papakean panjarana ku papakean biasa sarta saumur hirupna meunang tuang sameja jeung raja.

34Saumur hirupna kaperluan sapopoena dicukup ku raja.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 52 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel