Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 8 >> 

1Harita tulang-taleng raja-raja, para pajabat nagara Yuda, kitu deui tulang-taleng nabi-nabi, para imam jeung urang Yerusalem sejenna, bakal dikali dikaluar-luarkeun tina kuburan.

2Lain rek dikumpulkeun terus dipendem deui, tapi diantep bae sina acak-acakan jadi gemuk, ambacak katungkulan ku panonpoe, bulan jeung bentang-bentang nu ku maranehna diparuja disarembah.

3Jalma-jalma ieu bangsa jahat nu harirup keneh, anu ku Kami geus dipabalencarkeun ka mana-mana, suka keneh marilih paeh tinimbang hirup. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."

4PANGERAN nimbalan ka sim kuring, miwarang ngomong kieu ka umat-Na, "Ari jelema labuh lain sok hudang deui? Ari anu salah jalan lain sok balik deui?

5Tapi maraneh, umat Kami, sanggeus naringgalkeun Kami teh ku naon teu baralik deui? Maraneh anggur montel ka brahala-brahala, embung baralik deui ka Kami.

6Kami teu weleh ngadedengekeun sugan maraneh sok ngomongkeun hal anu bener, tapi lapur. Saurang ge euweuh nu kaduhung ku kajahatanana. Taya saurang-urang acan anu nanya ka dirina, ‘Aing teh geus dosa naon?’ Saban jalma haben bae nurutkeun kahayang sorangan, kawas kuda anu mangprung muru ka medan perang.

7Manuk bango ge nyahoeun iraha waktuna balik deui. Manuk tikukur, kapinis jeung kucica, nyarahoeun iraha kudu pindah ka daerah sejen. Tapi maraneh, umat Kami, teu nyaraho kana hukum-hukum Kami anu dipake ngatur maraneh.

8Kumaha rek bisa ngaku majar bijaksana jeung nyaraho kana hukum-hukum Kami? Tenjo, hukum-hukum Kami geus dirobah ku tukang-tukang nyalin anu teu jujur.

9Jalma-jalma bijaksana di maraneh bakal diera-era, bakal laleungit akal jeung kajiret. Maranehna nolak dawuhan-dawuhan Kami; jadi, kabijaksanaan naon anu ayeuna nyampak keneh di maranehna?

10Ku sabab kitu lahan-lahanna ku Kami rek diserenkeun ka nu sejen, sarta pamajikan-pamajikan maranehna rek dibikeun ka nu sejen. Kabeh jalma, nu gede, nu leutik, pabisa-bisa nyiar kauntungan nu teu halal; malah nabi-nabi jeung para imam ge nipuan rahayat.

11Raheut-raheut umat Kami dianggapna ngan ukur bared. ‘Teu naon-naon, aman,’ carekna, padahal sama sakali teu aman.

12Areraeun henteu dumeh eta kalakuanana teh kacida nistana? Teu, teu areraeun; teu nyahoeun-nyahoeun acan beureum beungeut teh kumaha. Ku sabab kitu lamun ku Kami geus diterapan hukuman, tangtu bakal tigejret kawas anu sejen-sejen, nya harita pitungtungeun maranehna teh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

13Kami teh hayang ngumpulkeun umat, kawas juru tani ngumpulkeun hasil pepelakanana. Tapi umat Kami teh lir tangkal anggur atawa tangkal kondang anu teu buahan, malah daunna ge parerang. Nya ku sabab kitu eta tanah ku Kami dikajeunkeun sina dicokot ku urang piluaran."

14Ceuk umat Allah, "Ku naon urang caricing bae di dieu? Hayu urang marubus ka kota-kota anu dibenteng, urang ngaradon paeh di dinya. Urang teh geus disina paraeh ku PANGERAN Allah urang, dibere racun kudu diinum, lantaran doraka ka Anjeunna.

15Ngarep-ngarep pisenangeun, ngarep-ngarep bisa menyat, kalah ka ditarajang pikasieuneun.

16Musuh geus aya di kota Dan, kudana geus bebenger. Ana kudana bebenger tingharoang, ieu tanah mani asa eundeur. Musuh geus datang rek ngaruksak tanah urang jeung sagala eusina, kota urang jeung jelema-jelemana."

17Lahiran PANGERAN, "Awas, Kami rek ngaleupas-leupaskeun oray anu maratih, anu teu tunduk ku jampe, sina maracok ka maraneh."

18Kuring gering sajeroning pikir, nalangsa teu daek paler.

19Tah dengekeun, di sakuliah nagri bangsa kuring tingjarerit, "Naha kitu PANGERAN teh geus teu linggih di Sion? Naha kitu raja di Sion teh geus teu aya di dinya?" PANGERAN, raja maranehna, ngawaler, "Naha atuh maraneh ngajengkelkeun Kami, nyarembah ka arca-arca, sarujud ka dewa-dewa asing anu euweuh pisan gunana?"

20Rahayat sasambat, "Usum panas jeung usum dibuat geus liwat, tapi urang acan salamet keneh bae."

21Hate kuring ajur, lantaran bangsa kuring ancur, pikiran nguluwut marungkawut.

22Naha di tanah Gilad teh taya pisan ubar? Taya pisan doktor? Ku naon bangsa kuring henteu cageur-cageur?


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel