Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 23 >> 

1Ieu pangandika perkara nagara Tirus. Geura maridangdam, eh tukang-tukang balayar anu keur di tengah laut! Kota palabuan maraneh geus bejad. Imah-imah jeung palabuanana geus burak-barik. Upama kapal-kapal maraneh geus marulang ti Siprus, ieu beja tan wande nyata.

2Eh para sudagar Sidon, geura maridangdam! Maraneh ngiang-ngiangkeun jelema

3mareuntasan laut sina jual beuli gandum hasil bumi Mesir, sina ngayakeun usaha jeung sakabeh bangsa.

4Eh nagri Sidon, maneh geus jadi hina! Dasar-dasar laut jeung nagri ka maneh geus henteu ngaku. Pokna, "Kami mah teu boga anak, teu awewe teu lalaki."

5Barang nyarahoeun yen Tirus geus diruksak, urang Mesir ge tingrarenjag karageteun.

6Eh urang Penesia, geura maridangdam! Geura kalabur sabisa-bisa, ka Sepanyol.

7Na enya eta teh nagri Tirus, nu ngadegna ti baheula tur pinuh ku nu matak suka? Na enya eta teh nagri anu sok ngiang-ngiangkeun rahayatna mareuntasan laut sina ngawangun babakan-babakan?

8Saha nu ngersakeun ieu kajadian narajang ka Tirus, nagri anu diparentah ku raja gede, anu sudagar-sudagarna jalma-jalma anu pangmulyana di dunya?

9PANGERAN Nu Maha Kawasa nu ngersakeunana. Mantenna nu ngersakeun, pikeun ngeureunkeun sipatna nu adigung ku beubeunangan usahana, jeung pikeun ngarendahkeun jalma-jalma anu marulya.

10Eh jalma-jalma anu keur bubuara di Sepanyol, mending geura ngagarap tanah kawas jalma-jalma di sisi Walungan Nil. Ayeuna mah maraneh geus teu boga pamuntangan.

11PANGERAN geus ngangkat panangan rek ngagebruskeun karajaan-karajaan ka laut. Puseur-puseur perdagangan di Penesia geus dipiwarang digempur.

12Eh nagri Sidon, maneh moal bisa senang-senang deui. Rahayat maneh geus digencet. Najan kalabur ka Siprus tetep moal saralamet.

13(Anu nyerenkeun Tirus sina diranjah ku sato-sato galak teh urang Babul, lain urang Asur. Nya urang Babul anu ngepung Tirus ku munara-munara pangepungan, anu ngaburak-barikna, anu ngarubuhkeun puri-purina.)

14Eh tukang-tukang balayar nu keur di laut, geura maridangdam! Nagri anu ku maraneh dipiandel teh geus tumpur.

15Tirus bakal dipopohokeun nepi ka tujuh puluh taun, nurutkeun umur hiji raja. Sanggeus liwat waktu eta, Tirus pijadieun saperti hiji awewe dayang dina ieu lagu:

16He dayang jomlo! Jig ngamen mawa kacapi, ngider-ngider kota. Sing genah ngacapina, sing getol ngawihna, ambeh maneh payu deui.

17Sanggeus liwat tujuh puluh taun, Tirus ku PANGERAN rek disina malikan usahana nu baheula, sarta ngalacurkeun dirina ka karajaan-karajaan di sadunya.

18Tapi duit beubeunanganana mah pikeun PANGERAN, lain keur pakeeun dirina, tapi keur kaperluan hakan jeung pake sakur anu ngabarakti ka PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel