Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 28 >> 

1Cilaka karajaan Israil! Kamulyaanana mimiti surem. Sarua layuna jeung makuta-makuta tina kembang anu diparake ku para pamingpinna anu geus marabok. Eta anu ngadarangahkeun sirah nu marake seuseungitan teh geus tinggaloler, marabok teu eling-eling.

2Pangeran geus nyayagikeun hiji jalma anu bedas jeung kawasa, sina narajang ka maranehna lir topan jeung hujan es, lir caah anu ngagulidag limpas.

3Kaumangkeuhan eta para pamingpin marabok teh bakal dileyek.

4Kajayaan eta para pamingpin nu aradigung teh geus mimiti surem, sarta bakal musna kawas buah kondang cikalna, ari asak ari dipetik dihuapkeun.

5Pidatangeun mangsa, pikeun umat-Na anu saralamet, PANGERAN bakal jadi lir makuta mulya tina kekembangan.

6Ka sakur nu jadi hakim Mantenna bakal maparin hate nu adil. Ka sakur anu ngabela tina panarajang bakal maparin wawanen.

7Malah nabi-nabi jeung imam-imam oge marabok nepi ka sasampoyongan. Ngarinumna anggur jeung arak loba teuing, nepi tingjolonjong titarajong, pikiranana ngaraco. Nabi-nabi kacida mabokna, nepi ka jadi teu paham kana tetenjoan-tetenjoan ti Allah. Imam-imam kacida mabokna, nepi ka teu bisa deui mutus perkara-perkara anu dibawa ka maranehna.

8Meja anu dirariungna pinuh ku utah, geus teu aya anu beresih.

9Seug ngaromongkeun kaula, pokna, "Saha disangkana anu diwurukan ku manehna teh? Saha nu butuh ku caritana? Nu kitu mah ngan alus pikeun budak anu kakara eureun nyusu!

10Manehna rek ngajar ka urang mani saaksara-saaksara, sabaris-sabaris, sakalimah-sakalimah."

11Lamun kaula henteu didarenge, engke Allah miwarang jalma asing sina ngawurukan ka aranjeun, make basa anu aneh.

12Mantenna teh miwarang reureuh, seja nyenangkeun hate aranjeun. Tapi ku aranjeun teu didarenge.

13Ku sabab kitu Allah bakal mere pangajaran ka aranjeun, saaksara-saaksara, sabaris-sabaris, sakalimah-sakalimah. Geus kitu sagala lengkah aranjeun bakal serba salah. Aranjeun bakal barohak, kasarimped, tuluy ditarangkep.

14Darengekeun ku aranjeun, eh nu sarombong, anu ayeuna keur marentah rahayat di dieu, di Yerusalem. Ieu aya timbalan PANGERAN.

15Dawuhana-Na, perjangjian anu ku aranjeun dipiagul teh perjangjian jeung ajal, perjangjian jeung dunya anu paraeh. Aranjeun yakin yen najan bahla tea datang aranjeun bakal salamet, bawaning ku percaya kana bohong jeung tipu.

16Ayeuna kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "Kami di Sion masangkeun hiji pademen, kuat jeung kukuh. Dina eta pademen Kami nempatkeun hiji batu juru anu ampeg, make tulisan kalimah kieu, ‘Iman nu pengkuh sipatna sabar.’

17Sipatan anu dipake ngukur eta pademen nya eta kaadilan. Tali nu dipake nguji lempeng nangtungna nya eta kajujuran." Hal-hal bohong anu dipiandel ku aranjeun bakal disapu ku hujan es. Rasa aman aranjeun bakal bedah ku caah.

18Perjangjian aranjeun jeung ajal bakal dibatalkeun, kitu deui persatujuan aranjeun jeung dunya anu paraeh bakal digagalkeun, nepi ka upama datang bahla, aranjeun moal bisa walakaya.

19Eta bahla bakal hantem narajang ka aranjeun unggal isuk, unggal beurang, unggal peuting. Unggal aya pangandika anyar ti Pangeran, aranjeun bakal nyareblak.

20Aranjeun bakal kawas nu hees morongkol lantaran dipanna pondok, simbutna heureut.

21PANGERAN bakal merangan ka urang cara keur di Gunung Perasim jeung di Lebak Gibon, maksa sangkan pangersa-Na dilampahkeun ku urang. Aheng peta Mantenna teh. Eta padamelana-Na anu aheng teh bakal diteruskeun nepi ka rengse.

22Ku sabab kitu ieu wawaran kaula teh lain seungseurikeuneun! Lamun keukeuh nyeungseurikeun, bakal tambah sulit aranjeun ngaluputkeun diri. Kaula geus ngadenge putusan PANGERAN Nu Maha Kawasa, yen bakal pasti ngabasmi ieu nagri.

23Darengekeun ieu omongan kaula, regepkeun ieu caritaan kaula.

24Moal aya jurutani anu lahanna harita diwuluku harita keneh dipelakan.

25Tangtu lahanna teh dirarata heula, kakara diawuran ku sisikian kayaning hades, jinten. Ari binih tarigu jeung hanjeli, eta mah melakna dijajar-jajar. Turut-turut sisi kebonna dipelakan bibinihan lianna.

26Nyahoeun yen tani teh kudu kitu, kapan geus aya pituduhna ti Allah.

27Nutu hades atawa jinten moal ku halu gede jeung beurat, tangtu ku anu ukuran meujeuhna.

28Nya kitu deui anu ngirik gandum, moal dihaben ku gegedig nepi ka ajur, da nyahoeun yen kudu digeleng ku padati tapi ulah nepi ka bubuk.

29Kanyaho kitu teh kabeh ti PANGERAN Nu Maha Kawasa. Estu agung hikmah Allah, tur kabeh moal aya nu bisa ngahalang-halang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel