Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 35 >> 

1Tanah keri bakal suka seuri. Tegal garing bakal pinuh ku kekembangan.

2Gurun keusik bakal ngawih jeung surak, jadi endah lir gunung-gunung di Libanon, lendo lir kebon-kebon di Karmel jeung Saron. Kamulyaan Allah, agung-Na, kawasa-Na, bakal tembong ka unggal jalma.

3Tegerkeun leungeun nu ngaplek, jagjagkeun tuur anu nyorocod.

4Bejakeun ka anu keur laleutik hate: "Sing teger, tong sieun! Allah sumping baris ngajait, jeung ngahukum musuh maraneh."

5Nu lolong bakal bisa nenjo, nu torek bakal bisa ngadenge.

6Nu lumpuh bakal bisa luncat jeung ngigel, nu pireu bakal bisa susurakan. Kocoran-kocoran cai bakal ngalocor di gurun keusik.

7Keusik anu semu hurung bakal jadi talaga, tanah kelang bakal pinuh ku cinyusu, jadi pangabetah ajag, manjah jeung kaso jaradi.

8Bakal aya jalan ngabulungbung, ngaranna "Jalan Kasalametan". moal katincak ku jalma jahat. Anu nyorang eta jalan, moal kasasabkeun ku anu gejul.

9Singa jeung sato galak lianna, moal aya nu liwat ka dinya. Sakur anu geus dijait ku PANGERAN, marulangna make eta jalan.

10Bakal narepi ka Yerusalem bari barungah, ngarawih, garerah. Maranehna bakal bagja salalawasna, moal nandangan deui kasusah jeung kanalangsaan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 35 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel