Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 38 >> 

1Meh sawaktu jeung eta, Raja Hiskia teu damang mehmehan pupus. Sumping Nabi Yesaya, sasauran ka anjeunna, "Sang Raja ku PANGERAN ditimbalan mereskeun sagala rupi urusan, margi moal tiasa damang deui, sakedap deui bakal pupus."

2Hiskia ebogna malik kana tembok, ngadoa,

3"Nun PANGERAN, sing emut ka abdi. Abdi parantos ngesto ka Gusti kalayan satia, parantos sakiat-kiat ngajalankeun pangersa," saurna bari terus nangis sesegruk.

4PANGERAN nimbalan ka Yesaya,

5miwarang supaya anjeunna ka Hiskia deui sarta kudu sasauran kieu, "Kami, PANGERAN, Allahna Daud karuhun maneh, geus ngadangu panyambat maneh, jeung ningali cipanon maneh. Maneh meunang keneh hirup lima belas taun deui.

6Maneh jeung Yerusalem tangtu dirahayukeun tina ancaman raja Asur. Yerusalem bakal terus ditangtayungan ku Kami." Ku Yesaya disaurkeun yen bisul raja teh kudu dipopokan ku buah kondang, tangtu damang. Hiskia mariksa, "Naon tawisna keur ngabuktikeun yen kaula bakal bisa deui datang ka Bait Allah?

7Waler Yesaya, "Kangge ngabuktikeun yen Mantenna moal geseh tina jangji, PANGERAN bakal maparin tandana, nya eta:

8Kalangkang tangga anu dipidamel ku Raja Ahas, ku PANGERAN bade diundurkeun sapuluh lengkah." Seug kalangkang tangga teh ngeser, undur sapuluh lengkah.

9Sanggeus damang, Hiskia nyerat ieu guguritan:

10Waktu umur kami tengah tuwuh, meh bae mulang ka enggon nu paeh, kudu ajal paturay jeung nyawa.

11Panyana teh di ieu dunya anu harirup, kami geus moal nenjo-nenjo deui PANGERAN, moal nenjo-nenjo deui jelema.

12Kudu puput umur eureun hirup, lir kemah nu geus diruag, lir lawon diteukteuk tina tinunan, panyana teh ku Allah tereh dipundut umur.

13Unggal peuting nangankeun kanyeri, tulang-tulang asa dikerekeb singa. Panyana teh ku Allah tereh dipundut umur.

14Sora geus haroshos, meh leungit, balas humaregung kawas japati ngaderuk. Panon celong, dipake melong ka langit. Nun PANGERAN, jait abdi tina hukuman.

15Kami rek bisa unjukan naon, da eunggeus kersaning PANGERAN. Bati ceurik dina hate, boro-boro bisa mondok.

16Nun PANGERAN, abdi bade hirup kangge Gusti, mung kangge Gusti. Cageurkeun abdi, widian hirup.

17Kaprihatinan abdi bakal jadi katengtreman Gusti nyalametkeun hirup abdi tina sagala bahaya Gusti ngahapunten sadaya dosa abdi.

18Di dunyana nu maot mah moal aya nu muji ka Gusti. Nu maot mah moal ngarep-ngarep kasatiaan Gusti.

19Anu muji ka Gusti teh jalmi anu hirup, sapertos abdi ayeuna, muji ka Gusti. Bapa-bapa nyarita ka anak-anakna, nerangkeun kumaha satiana Gusti teh.

20Nun PANGERAN, abdi parantos dicageurkeun. Abdi-abdi bade narabeuh kacapi, sareng ngidungkeun pamuji. Muji saumur-umur di lebet Bait Gusti.

21(38:6)

22(38:6)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 38 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel