Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 40 >> 

1"Lilipur umat Kami," timbalan Allah urang, "lilipur!

2Upahan hate urang Yerusalem, uarkeun yen sangsarana geus tutug, dosana geus dihampura. Maranehna geus dihukum bebeakan lantaran dosa-dosana."

3Aya anu cumeluk, "Sadiakeun jalan pikeun PANGERAN di tanah gurun! Beresihan jalanna di gurun keusik, pikeun Allah urang!

4Lebak-lebak saeuran, gunung-gunung ratakeun. Pasir-pasir bakal jadi tanah lempar, anu renjul bakal rata sarta leucir.

5Kamulyaan PANGERAN bakal dinyatakeun, tembong ka sakabeh jelema. PANGERAN ku manten ngajangji kitu."

6Aya nu ngagentra, "Embarkeun ieu wawaran!" Ceuk kaula, "Kedah ngawawarkeun naon?" "Embarkeun: Manusa ibarat jukut, umurna ngan saumur kekembangan tegal.

7Jukut layu, kembang perang sanggeus ditiup ku angin ti PANGERAN. Umur jalma teu leuwih panjang ti batan umur jukut.

8Enya, jukut tangtu layu, kembang tangtu perang, tapi pangandika Allah urang mah umurna langgeng."

9Eh Yerusalem, geura unggah ka gunung nu luhur! Celukkeun warta anu pikabungaheun. Eh Sion, celukkeun sing tarik, embarkeun ieu beja pibagjaeun! Caritakeun, ulah sieun-sieun, bejakeun ka kota-kota Yuda yen Allahna rek sumping!

10PANGERAN Nu Maha Agung tereh sumping baris ngarajaan nyepeng kawasa. Sumpingna diiring ku jalma-jalma anu geus diluputkeun ku Mantenna.

11Mantenna bakal ngaraksa lir pangangon ngajaga dombana. Dombana dikumpulkeun, anu laleutik keneh dipangku, indung-indungna sina naluturkeun lalaunan.

12Saha nu bisa naker cai lautan ku dampal leungeun, atawa ngukur langit ku jeungkal? Saha nu bisa ngulak tanah sajagat ku kulakan, atawa nimbang gunung jeung pasir dina taraju?

13Saha nu bisa metakeun PANGERAN kana damel? Saha nu bisa mapatahan atawa nuduhan ka Mantenna?

14Saha anu geus ngahaturkeun pirempug ka Allah, nerangkeun jeung nuduhan ka Mantenna, ngajarkeun sangkan saniskara bisa jalan?

15Di payuneun PANGERAN bangsa-bangsa taya hartina, ibarat cai satetes, pulo-pulo hampangna lir lebu sakeprul.

16Sasatoan di leuweung-leuweung Libanon, moal cukup keur baktikeuneun ka Allah, kakayonna teu cukup keur mirun seuneu.

17Di payuneuna-Na bangsa-bangsa taya hartina.

18Jeung saha Allah bisa disaruakeun? Sanggup anjeun nerangkeun Mantenna jiga kumaha?

19Mantenna henteu sarua jeung arca beunang nyieun jelema beunang paledang ngalapis ku emas, make dadampar perak.

20Nu teu kuat nyieun tina emas atawa perak, bisa nyieun tina kai teuas, dikengkenkeun ka tukang ngukir, sina dijieun arca anu nambleg moal tiguling.

21Naha anjeun tacan nyaho? Naha tacan ngadenge caritana? Naha can ngadenge kumaha jadina alam dunya?

22Anu ngadamelna teh Mantenna, nu linggih dina tahta-Na, luhureun bumi luhureun langit, jalma di handap tembongna sagede sireum. Langit ku Mantenna dibeberkeun kawas layar, dibeberkeun lir kemah keur tempat cicing.

23Raja-raja anu karawasa direndahkeun ku Mantenna, dijieun taya hargana.

24Maranehna saibarat tutuwuhan, kakara ge dipelak, kakara ge alakaran, kaburu dihebos ku angin ti PANGERAN, gararing, ngoleang kabawa angin.

25Jeung saha Allah nu suci bisa disaruakeun? Naha aya anu sarua jeung Mantenna?

26Coba tanggah ka angkasa! Saha nu nyiptakeun bentang-bentang? Ku Mantenna bentang-bentang teh dipingpin kawas hiji pasukan. Mantenna uninga reana, sarta masing-masing dipaparin ngaran. Mantenna maha kawasa — eta bentang-bentang can aya anu leungit.

27Eh Israil, ku naon ngalengis, majar PANGERAN teu uningaeun yen maneh keur kasusahan, majar Mantenna henteu malire waktu maneh nandangan kateuadilan?

28Na maneh tacan nyaho? Tacan ngadenge? PANGERAN teh Allah nu langgeng, sakubeng jagat Mantenna nu ngajadikeun. Mantenna tara cape tara lungse. Taya pisan anu nyaho kana eusining manah-Na.

29Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun.

30Sanajan nu ngarora ge sok leuleus, barudak remaja sok ngudupruk beak tanaga.

31Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 40 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel