Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 44 >> 

1Timbalan PANGERAN, "Darengekeun eh Israil, abdi Kami, turunan Yakub, umat kapilih!

2Kami teh PANGERAN, anu ngagelarkeun maneh. Ti barang maneh dijurukeun, ku Kami geus ditulungan. Ulah sieun, maneh abdi Kami, umat pilihan Kami anu dipikanyaah.

3Tanah tuhur ku Kami bakal diguyur, nu kagaringan rek digolontoran ku walungan-walungan. Roh Kami rek dikocorkeun ka anak-anak maneh, sarta berkah Kami pikeun turunan maneh.

4Maranehna bakal marulus, tumuwuh lir jukut teu kurang cai, ibarat tatangkalan sisi susukan.

5Jalma-jalma ka pada baturna bakal ngakukeun maneh, ‘Kuring kagungan PANGERAN.’ Bakal daratang ngahiji jeung urang Israil. Unggal jalma ngukir jenengan PANGERAN dina leungeunna, jeung nyarebut maneh umat Allah."

6PANGERAN anu marentah jeung ngaraksa Israil, Nu Maha Kawasa geus nimbalan kieu, "Kami teh anu mimiti, anu ahir, hiji-hijina Allah. Taya deui Allah jaba ti Kami.

7Saha anu bisa nyieun anu dipidamel ku Kami? Saha anu bisa ngawejangkeun nu tacan datang, anu nyaho ti mimiti aya waktu, nepi ka ahir jaman?

8Umat Kami ulah sieun! Maraneh nyaho, sagala kajadian ti baheula nepi ka poe ieu pisan, ku Kami geus diwejangkeun ti heula. Naha enya aya Allah sejen teh? Maraneh saksina. Naha enya aya Allah sejen teh? Naha aya deui Allah anu kawasa, anu Kami can uninga?"

9Jalma-jalma nu nyieun brahala teh taya gunana. Arca-arca anu dipupunjungna teh taya hargana. Anu nyarembah ka brahala teh estuning lolong taya kanyaho, engke tangtu bakal arera.

10Lain kalakuan hade nyieun arca logam tuluy disembah dianggap Allah.

11Sakur anu nyembah ka nu kitu bakal meunang era. Jalma anu nyieun eta arca teh manusa biasa, taya leuwihna. Sina bareng ka darieu, rek diuji, moal teu sarieuneun jeung areraeun.

12Tukang beusi nyieunna arca tina beusi, dibeuleum, diteupa, diteunggeulan ku palu sataker tanaga, tuluy direka sina mangrupa, migawena nepi ka poho nginum-nginum acan, poho kacape.

13Tukang kayu nyieunna tina kayu, digambar heula ku kapur tuluy direka diukir make pahat, dirupakeun jelema, dijieun lalaki kasep, teundeuneun di imahna.

14Kayuna aya kiputri, aya jati, atawa jamuju, nuar ti leuweung, atawa ngahaja melak tangkal salam bari ngarep-ngarep hujan, ambeh salamna tereh jadi.

15Eta tangkal, sabagian dijieun suluh, sabagian deui dijieun arca. Jadi, anu sabagian diduruk dipake siduru jeung meuleum roti, anu sabagian deui dijieun arca, tuluy disembah.

16Kayu teh sabagian dibeuleum dipake manggang lauk, laukna dihakan nepi ka seubeuh. Bari siduru jelemana ngomong, "Genah, haneut, alus seuneuna!"

17Sabagian dijieun arca, geus anggeus nu nyieunna tuluy sujud ka eta arca bari ngomong, "Nun Dewa pupujan, kula tulungan!"

18Jalma kitu ku bawaning bodo nepi ka teu nyaho kana kabodoan sorangan. Panonna nutup, pikiranana oge nutup, teu nyaho naon nu bener.

19Tukang nyarieun arca teh bodona katotoloyoh, nepi ka teu boga pikir kieu: "Ieu kayu, sawareh ku aing dibeuleum; aing meuleum roti jeung manggang laukna dina ruhakna, tuluy didahar. Sesa ieu kayu ku aing dijieun arca. Ana kitu aing teh nyembah ka kayu sapotong!"

20Kawas nyatu lebu bae nepi ka teu bisa mikir. Pikiranana anu gejul teh kacida nyasabkeunana ka dirina, geus hamo katulungan deui, nepi ka teu nyahoeun yen arca anu disembah-sembah ku manehna teh sama-sakali lain Allah.

21PANGERAN nimbalan, "Eh Israil! Inget, maneh teh abdi Kami. Kami ngajadikeun maneh teh sangkan jadi abdi Kami, sarta Kami moal poho ka maneh.

22Dosa maneh ku Kami geus disapu, sirna lir mega. Geura balik ka Kami. Ieu Kami anu nyalametkeun maneh."

23Eh langit geura surak! Eh jungkrang-jungkrang jero, geura surak! Gunung-gunung jeung kakayon leuweung, geura senggak! PANGERAN geus mintonkeun kamulyaana-Na, ku jalan nyalametkeun umat-Na, Israil.

24"Kami PANGERAN, jurusalamet maraneh. Nya Kami anu ngajadikeun maraneh. Kami teh PANGERAN, nu nyiptakeun saniskara. Nya Kami anu ngabeberkeun cakrawala. Kami ngajadikeun bumi teu dibantu ku sasaha.

25Kami ngagelokeun tukang-tukang torah, ngaburungkeun tujuman ahli-ahli bentang, nyerongkeun pituah para bujangga, ngabuktikeun yen hikmah maranehna sarua jeung kabodoan.

26Tapi upama anu ngawejangna teh umat Kami, nya eta utusan anu nganyatakeun sagala pangersa Kami, piwejangna tangtu laksana, sarta pangersa Kami tinangtu nyata. Ka Yerusalem Kami geus nimbalan, yen rahayatna tangtu maratuh deui di dinya, kitu deui ka kota-kota di Yuda, yen bisa diadegkeun deui engke ku maranehna, mecenghul tina ruruntukna.

27Ku timbalan Kami sakecap, laut saat.

28Kami nimbalan ka Kores, ‘Nya maneh nu kudu jadi wakil Kami, nyekel parentah. Kudu ngajalankeun pangersa Kami. Parentahkeun: Yerusalem kudu diadegkeun deui, pademen Bait Kami pasang deui.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 44 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel