Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 50 >> 

1PANGERAN nimbalan, "Na kitu Kami miceun umat teh kawas salaki nyerahkeun pamajikanana? Cik mana surat talakna? Kami ngajual maraneh ka pangbuangan teh dikira kawas bapa ngajual anakna sina jaradi badega? Maraneh pangna dibuang teh sabab boga dosa, nyarieun kajahatan.

2Ku naon umat Kami teu daek nolih, basa ku Kami arek dijait? Basa disalaur ku naon teu narembalan? Na Kami teh kacida lembekna, mo bisa nulungan? Laut ge mun ceuk Kami saat, saat! Kami bisa ngarobah walungan jadi gurun keusik, laukna ting arengap kasaatan.

3Kami bisa ngarobah langit jadi medem poek, kawas nu ngungun katinggal paeh."

4PANGERAN Nu Maha Agung ngawulangkeun piomongeun kaula, sangkan bisa ngalilipur ka nu sungkawa. Unggal isuk kaula ku Mantenna disina nyoso ka nu rek diwulangkeunana.

5Kaula ku PANGERAN dipaparin pangarti, sangkan kaula teu baha, teu ingkar ti Mantenna.

6Tonggong diteunggeulan ku batur, pasrah. Dipoyok, pasrah. Didudutan bulu janggot, pasrah. Diciduhan beungeut, pasrah.

7Panghina maranehna ka kaula taya matakna, sabab PANGERAN Nu Maha Agung nulungan ka kaula. Kabeh ku kaula ditarima, sabab nyaho yen moal matak jadi hina,

8sabab Allah deukeut ka kaula, anu bakal nganyatakeun yen kaula teu salah. Saha anu rek nyalahkeun ka kaula? Hayu urang bareng ka pangadilan! Pek di ditu ucapkeun pangdakwana!

9PANGERAN Nu Maha Agung bakal ngabelaan kaula. Coba, saha nu bisa nuduhkeun kasalahan kaula? Sakur anu ngadarakwa bakal musna, sirna kawas pakean beak ku geget.

10Maraneh kabeh, anu ajrih ka PANGERAN, jeung nurut kana omongan abdi-Na, sanajan upama nyorang jalan poek ge masing ngandel ka PANGERAN, percaya ka Allah.

11Ari maraneh, anu boga pokal nyilakakeun ka batur, tangtu cilaka ku pokal sorangan. PANGERAN ku manten nu ngersakeunana kitu. Maraneh kabeh bakal kacida cilakana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 50 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel