Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 52 >> 

1Eh Yerusalem, geura jagjag jaya deui! Eh kota Allah nu suci, geura disalin ku baju anu aralus! Lawang maneh moal kaasupan deui ku urang kapir.

2Geura kikirab, cengkat ti nu ngebul, geura diuk deui dina singgasana! Eh urang Sion nu dibaroyong, geura buka eta belenggu barogod teh!

3PANGERAN ngadawuh ka umat-Na, "Basa maraneh jaradi badega batur, tanaga henteu dibayar. Jadi ngabebaskeunana oge henteu kudu ngaluarkeun duit.

4Basa maraneh ngaradon ngumbara di Mesir, ka daritu teh andon suka. Sabalikna waktu maraneh ka Asur mah dibawana kalawan paksa, boro-boro meunang bayaran.

5Ayeuna maraneh dikitukeun teh ku Babul, jadi tawanan tanpa bayaran. Anu karumawasa ka maraneh teh nya garumede nya suaban jeung ngagogoreng bae ka Kami.

6Tapi engke ku maraneh bakal katenjo yen anu diandikakeun ka maraneh teh bener, yen Kami teh Allah."

7Resep temen engke nenjo nu datang meuntas gunung-gunung, mawa beja matak suka, hal pitengtremeun jeung hal kaunggulan! Eta utusan ngomong ka Sion, "Allah maraneh jumeneng Raja!"

8Ger surak nu eukeur jaraga kota, awahing ku bungah! Sabab narenjo sorangan PANGERAN sumping ka Sion.

9Gederkeun surak, eh ruruntuhan Yerusalem! PANGERAN rek mulihkeun kota kagungana-Na, sarta ngalilipur umat-Na.

10PANGERAN rek metakeun pangawasa-Na nu suci, rek ngarahayukeun umat-Na, bakal katenjo ku saalam dunya.

11Sing tumaninah kalaluar ti Babul, eh anu ngagarotong parabot Bait Allah! Ati-ati, bisi antel kana barang larangan, usahakeun supaya maraneh tetep beresih.

12Maraneh henteu kudu rurusuhan, ulah jiga nu rek kalabur. PANGERAN Allah maraneh nu bakal nungtun, ngaping ngajaring ti saban madhab.

13PANGERAN ngadawuh, "Abdi Kami bakal hasil digawena, anjeunna bakal kacida dihormatna.

14Tadina loba jalma anu karageteun barang narenjo anjeunna, sabab awakna kacida ruksakna, geus meh teu jiga jelema.

15Tapi ayeuna! Bangsa-bangsa mani bengong ku anjeunna. Raja-raja nepi ka baralem ku helok-helokna, narenjo perkara anu tadina can kadenge-denge acan bejana."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 52 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel