Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 10 >> 

1Suhunkeun ka PANGERAN, mugi-mugi aya hujan dina usum sirung. Nya PANGERAN anu ngayakeun mega pihujaneun, nu nurunkeun hujan, sangkan lahan-lahan jadi seger jeung hejo, pikeun kaperluan sakabeh manusa.

2Jalma-jalma mentana sok ka brahala, atawa ka tukang peleng, padahal jawabanana ngan jijieunan wungkul, omong kosong. Aya nu sok napsir impian, padahal tapsiranana matak sasab pipikiran, panglipur anu taya gunana. Kalakuan jalma jadi nguluyur, kawas domba nu ngalantrah. Pikarunyaeun, kawantu taya anu nungtun.

3Kieu timbalan PANGERAN, "Kami teh ambek pisan ka urang asing anu keur marentah ka umat Kami, nu matak ku Kami arek disiksa. Urang Yuda teh umat Kami, geus tangtu baris dijaga ku Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Pikeun Kami, Yuda teh baris minangka kuda perang.

4Yuda bakal ngagelarkeun raja-raja, para pamingpin, para panglima, anu bakal ngatur umat Kami.

5Urang Yuda pasti jaya, ibarat prajurit anu ngaluluh musuhna dina leutak. Ana tarung tangtu disarengan ku PANGERAN, nepi ka pasukan kuda musuhna ge moal teu lebur.

6Urang Yuda, sina jaradi jalma gagah, urang Israil pasti ku Kami dibela. Kami watir nenjo maranehna, nu matak rek dipulangkeun ka lemah caina. Moal aya tapak-tapak entas dipiceun ku Kami. Ieu Kami PANGERAN, Allah panutanana, baris narima kana sagala panedana.

7Urang Israil baris kuat lir para prajurit, bakal galumbira hatena, saperti jalma nu tas nginum anggur. Kajayaanana bakal kainget-inget ku anak incuna. Anak incuna bakal barungah, barungah ku pitulung PANGERAN.

8Umat Kami rek disaur, sina karumpul ngahiji. Sina pulih sarta loba deui kawas saasal ti heula.

9Najan ku Kami geus disina pabalencar, di nagri-nagri deungeun bacacar, tapi anu jararauh ge, hatena mah aringeteun bae ka Kami.

10Kami anu baris mawa mulang, ti Mesir jeung ti Asur, sina maratuh deui di nagri sorangan. Malah sina nyaricingan Gilad jeung Libanon. Nagrina sakuliahna, bakal gegek deui pangeusina.

11Ana maranehna nyorang lautan sangsara, Kami anu bakal narajang ombakna. Leuwi-leuwi Walungan Nil oge tinangtu saat caina. Nagri Asur nu adigung bakal ngeluk, nagri Mesir nu perkasa, bakal ucul kawasana.

12Sabalikna umat Kami, rek disina kuat, sarta bakal ta’at ngabakti ka Kami." Kitu timbalan PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel