Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 8 >> 

1PANGERAN Nu Maha Kawasa ngembankeun ieu sabda ka Jakaria.

2Timbalana-Na, "Kacida hayangna Kami teh nulungan Yerusalem. Kacida nyaahna ka rahayatna, jadi kacida keuheulna ka musuh-musuhna.

3Kami seja balik deui, seja linggih deui di Yerusalem; nagri Kami anu suci sina kamashurkeun nagri ibadah, sarta gunung kagungan PANGERAN Nu Maha Kawasa sina disarebut gunung suci.

4Alun-alun kotana bakal jadi deui tempat pelesir jelema-jelema anu geus karolot, anu geus karundang iteuk, lalaki, awewe.

5Jalan-jalanna bakal jadi deui tempat arulin barudak lalaki barudak awewe.

6Hal ieu, ku maranehna mah, nya ku umat Kami anu nyesa keneh, tangtu karasana mustahil. Tapi henteu mustahil ari pikeun Kami mah.

7Umat Kami anu di nagri-nagri sejen, ku Kami arek dijait.

8Nu ti wetan, nu ti kulon, rek dibawa mulang, sina maratuh deui di Yerusalem, jadi umat Kami, sarta nya Kami Allah panutanana anu baris ngatur ka maranehna, satia tur adil.

9Sing galede hate! Ieu sabda nya sabda Kami anu bareto keneh, anu diucapkeun ku nabi-nabi, keur mangsa masang pademen Bait Kami basa rek diadegkeun deui tea.

10Samemeh mangsa eta, maraneh taya saurang-urang acan anu kuat nyewa tanaga jalma atawa sato, turug-turug euweuh saurang-urang acan anu ngarasa aman ti musuh. Malah ku Kami oge unggal jalma sina bentrok.

11Tapi ka umat anu ayeuna aya keneh mah Kami moal kitu.

12Pepelakanana baris kaala tur reujeung aman, anggurna bakal baruahan, sarta moal kurang-kurang hujan. Eta berkah-berkah ku Kami tangtu dibikeun ka ieu umat Kami anu nyesa keneh.

13Eh urang Yuda jeung urang Israil! Bareto, lamun jalma-jalma urang asing silih sumpahan, ucapanana teh, ‘Maneh sing meunang bahla saperti anu karandapan ku urang Yuda jeung urang Israil!’ Ayeuna maraneh ku Kami baris ditulungan. Ayeuna mah urang asing teh bakal kieu ucapanana, ‘Muga anjeun meunang bagja, cara anu katarima ku urang Yuda jeung urang Israil.’ Ku sabab eta maraneh sing galede hate, ulah salempang."

14PANGERAN Nu Maha Kawasa ngandika, "Waktu Kami jengkel ku kalakuan karuhun maraneh baheula, upama Kami aya karep nyangsara, terus bae dibuktikeun, tara teu dijalankeun.

15Ayeuna Kami arek ngaberkahan ka urang Yuda jeung urang Yerusalem. Ieu oge ku Kami moal teu dibuktikeun. Ulah salempang.

16Ayeuna mah turutkeun Kami: Ari jeung pada batur, ngomong teh kudu anu saestuna. Di pangadilan kudu ngomong sabenerna, malar piluluseun batur.

17Ulah hayang nyusahkeun ka batur. Ulah sumpah palsu. Kami ijid kana bohong, kana teu adil, kana kalaliman."

18PANGERAN Nu Maha Kawasa ngembankeun ieu sabda ka Jakaria.

19Timbalana-Na, "Jalankeun ku urang Yuda kalawan gumbira jeung rasa bagja, ibadah puasa dina bulan kaopat, kalima, katujuh jeung kasapuluh. Kudu cinta kana kaestuan, cinta kana karukunan."

20PANGERAN Nu Maha Kawasa ngandika, "Tereh cunduk kana waktu, jelema-jelema ti nagri-nagri sejen bakal loba anu daratang ka Yerusalem.

21Jalma-jalma ti hiji nagri ngajak ka jalma-jalma nagri sejenna, ‘Kuring arek ngabakti ka PANGERAN Nu Maha Kawasa. Hayu urang bareng!’

22Loba jalma jeung bangsa-bangsa anu kuat bakal daratang ka Yerusalem, seja ngabarakti ka PANGERAN Nu Maha Kawasa jeung menta berkah Mantenna.

23Harita, sapuluh jalma urang asing bakal datang ka urang Yahudi saurang ngaromong kieu, ‘Kaula ge hayang bagja cara anjeun; rehna kaula nguping yen anjeun diberkahan ku Allah.’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel