Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 2 >> 

1Simkuring, basa datang nerangkeun maksad Allah ka dulur-dulur, henteu nganggit-nganggit basa jeung teu make nu luhur-luhur.

2Da maksudna oge, lain rek ngayakeun panalungtikan, estu ngan seja ngenalkeun Isa Al Masih anu pupus digantung dina salib.

3Sajeroning kitu, ayana di aranjeun ge, simkuring teh nya hengker, nya asa geumpeur, nya ngarasa sieun.

4Basa jeung carana simkuring ngawawarkeun ge, jauh ti matak kapincut; tapi nya kitu, da simkuring mah, ngan sumerah kana pituduh jeung kakawasaan Ruh Allah bae.

5Nu ku simkuring dipalar mah, nya eta supaya dulur-dulur percaya teh ulah ku karana kapinteran manusa, tapi ku karana kakawasaan Allah.

6Tapi ka kalangan luhur mah, nu ku simkuring diwawarkeun teh, memang elmu kapinteran. Ngan lain kapinteran asal ti ieu dunya atawa ti para pamingpin dunya, anu bakal dimusnakeun tea.

7Tapi anu diwawarkeun ku simkuring mah, elmu hikmah Allah anu gaib jeung rasiah, anu ku Mantenna disayagikeun ti samemeh alam dunya dijadikeun, nya eta pikeun kamulyaan urang.

8Para pamingpin mah, teu nyarahoeun kana ieu hal teh. Mun enya nyarahoeun ge, tangtu moal nepi ka nyalibkeun Rajaning kamulyaan!

9Tapi ku Kitab oge geus diserat: ‘Anu can kungsi katenjo ku panon, can kungsi kadenge ku ceuli, can kagerentes ku ati, kabeh ku Allah geus disayagikeun pikeun jalma anu ajrih asih ka Mantenna.’

10Eta rasiah Allah, ka urang mah, geus ditembrakkeun ku Ruh Allah. Sabab pikeun Ruh mah, teu aya hal anu buni; sanajan ayana dina manah Allah.

11Saha pijalmaeunana anu terang kana eusi hate, iwal ti roh jelemana anu ngancik dina dirina? Kana eusi manah Allah oge, moal aya anu terang, iwal ti Ruh Allah ku manten.

12Ari Ruh anu katampa ku urang teh, lain asal ti dunya ieu; tapi asal ti Allah nyalira, nepi ka urang ngarasa enya-enya kana sih kurnia-Na anu sakitu murah asihna.

13Perkara ieu, ku simkuring dicaturkeunana lain ku akal pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Ruh Allah. Sabab anu dicaritakeun ku simkuring teh, hal-hal rohani pikeun anu geus mareunang Ruh.

14Jalma-jalma duniawi mah, teu milu nampa hal-hal anu asalna ti Ruh Allah; sabab najan narima ge, teu guna, sarta moal kapaham lantaran teu asup kana akalna. Sabab ari anu asal ti Ruh mah, ditimbang-timbangna oge, kudu kalawan pituduh Ruh.

15Jalma anu hirup dina karohanian mah, neuleuman saniskara; sabalikna, dirina sorangan mah moal kateuleuman ku batur.

16Sabab: ‘Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran, nepi ka bisa mere nasehat ka Mantenna?’ Tapi ari urang mah, geus kaserepan panggalih Al Masih.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Korintus 2):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel