Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 6 >> 

1Upama aya hiji dulur anu bentrok jeung baturna, na wanieun menta tulung ka anu teu baroga bebeneran, supaya perkarana dibereskeun? Na lain kudu menta tulung ka papada umat Allah?

2Naha aranjeun teu terang, yen umat Allah teh baris ngahakiman dunya? Lamun aranjeun boga hak mutus perkara sadunya, lain boga oge kakawasaan mutus perkara leuleutikan?

3Naha henteu terang, yen urang baris ngahukuman para malaikat? Atuh sumawonna kana perkara-perkara anu sapopoe!

4Ku sabab eta, naha urusan-urusan kitu-kitu bae make dipasrahkeun ka nu teu aya patalina jeung jamaah?

5Ieu hal kapaksa diomongkeun, supaya aranjeun era. Naha di antara aranjeun teu aya anu sanggup mutus perkara dulur pada dulur?

6Na pantes dulur jeung dulur nyiar kaadilan ka pihak anu teu boga iman?

7Ku ayana peperkaraan papada dulur bae ge, sidik yen aranjeun teh gagal. Naon sababna, aranjeun euweuh nu daek wayahna meunang kateuadilan?

8Kalah ka teu adil jeung ngarugikeun dulur sorangan!

9Naha henteu terang, yen anu teu adil teh, teu aya bagianana di Karajaan Allah? Poma, ulah sasar! Nu ngaranyed, nu nyembah brahala, nu jinah, nu sapatemon jeung pada lalaki,

10nu maling, nu kumed, pamabokan, nu mitenah, jeung tukang tipu, moal meunang asup ka Karajaan Allah.

11Kalakuan-kalakuan anu teu balener saperti kitu teh, bareto, aya di aranjeun. Sukur, ayeuna mah, aranjeun geus beresih dikumbah, disucikeun, sarta geus diangken bener ku karana jenengan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, jeung ku Ruh Allah Pangeran urang.

12Naon oge, pikeun simkuring mah, wenang; tapi tangtu, teu kabeh mangpa'at. Papadaning sagala wenang ge, simkuring mah embung nepi ka nyandu.

13Kadaharan teh pikeun beuteung; beuteung pikeun kadaharan; tapi duanana, ku Allah bakal dileungitkeun. Ari badan teh lain pikeun dipake lacur, tapi sanggakeuneun ka Gusti, sarta Gusti pikeun badan.

14Allah anu geus ngagugahkeun Gusti Jungjunan urang tina pupus-Na, oge baris ngahudangkeun badan urang ku pangawasa-Na.

15Na teu terang, yen badan aranjeun teh anggahota salira Al Masih? Na simkuring kudu nyokot eta anggahota salira Al Masih, sina jadi jelema palacuran? Teu wararantun teuing!

16Na teu terang, yen sapatemon jeung awewe palacuran teh hartina nunggalkeun badan jeung manehna? Kapan ceuk Kitab oge: ‘Duanana bakal jadi sadaging.’

17Sabalikna, sing saha anu nunggalkeun diri ka Al Masih, tangtu sa-roh jeung Anjeunna.

18Baidkeun lacur teh! Dosa-dosa sejenna anu dipilampah ku manusa, kabeh dosa ka nu sejen. Tapi ari lacur mah dosa ka badan sorangan.

19Naha teu terang, yen badan aranjeun teh jadi panglinggihan Ruh Allah; Ruh paparin ti Allah, anu ngancik di diri aranjeun? Na teu rarumasa, yen aranjeun teh lain milik aranjeun sorangan?

20Aranjeun teh geus meunang nebus, geus dilunasan. Ku sabab eta badan teh kudu dipake pikeun kamulyaan Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Korintus 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel