Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Yohanes 1 >> 

1Ieu anu seja dipicatur, nya eta hal: Sabda Hirup (Sabda nu jumeneng Hirup), anu estu geus kasaksi ku rasul-rasul pribadi, geus karungu ku pangrungu, katingal ku siki mata, sarta kacabak ku dampal leungeun.

2Sabab eta Nu jumeneng Hirup teh, anu tadina ngancik di Anu jumeneng Rama, enggeus gumelar mijalma jeung kasaksian ku simkuring, rasul-rasul. Ayeuna, eta Anu jadi Hirup langgeng teh diwartakeun ka aranjeun.

3Tah eta, anu geus katingal jeung kadenge ku rasul-rasul teh, ku simkuring rek diwanohkeun ka aranjeun; supaya aranjeun oge asup kana beungkeutana-Na, saperti simkuring sapara kanca, hirup satunggal jeung Anu jumeneng Rama miwah Putra-Na, Isa Al Masih.

4Sagala perkarana ku simkuring seja dipedar, malar cacap kasukaan hate.

5Perkara anu katarima ti Anjeunna, anu ku simkuring seja diwartakeun ka aranjeun, nya eta: Allah teh Sumbering terang. Di Mantenna mah sama sakali teu aya poek.

6Jadi, upama urang ngaku geus hirup satunggal jeung Mantenna tapi resep keneh di alam poek, eta teh ngabohong sabab urang teh patonggong-tonggong jeung perkara anu sabenerna.

7Sabalikna, upama enya, urang geus aya di alam caang sakumaha Mantenna; tanwande urang teh ngajadi hiji, sabeungkeutan, sarta baris disucikeun tina dosa ku getih Isa Putra-Na.

8Upama urang ngakukeun teu boga dosa, eta teh tetela ngabobodo maneh tur beda jeung kanyataan.

9Sabalikna, upama urang balaka ngaku dosa ka Mantenna; tinangtu, ku Mantenna, baris dihampura jeung kadorakaan urang teh dipupus; karana Allah teh, adil tur satia tuhu kana jangji.

10Upama urang nyebutkeun teu boga dosa; atuh eta mah, sasat nyebutkeun Allah teh Tukang bohong sarta pangandika-Na teu ngancik di diri urang.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Yohanes 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Yohanes 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel