Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Yohanes 3 >> 

1Pan karasa, kumaha asih-Na Anu jumeneng Rama ka urang teh, nepi ka urang diangken jadi putra-putra-Na; da memang urang teh putra-putra Allah! Hal ieu, ku dunya mah teu kahartieun; ma'lum dunya mah teu ngaku ka Allah.

2Tapi najan geus jadi putra-putra Allah oge, acan bisa ngira-ngira kumaha engkena kaayaan urang teh. Ngan lamun Al Masih geus sumping, urang teh baris sarua jeung Anjeunna. Kaayaan Anjeunna, nu sajatina, engke tangtu ebreh ka urang.

3Saha-saha anu ngarep-ngarep kana eta kaayaan sarta ngandel ka Al Masih, kudu ngajauhan dosa, sabab Al Masih teu kagungan dosa.

4Anu milampah dosa, eta ngarempak hukum Allah; sabab dosa teh ngalawan kana hukum Allah.

5Ku dulur-dulur geus kaharti, yen nu matak Al Masih mijalma teh geusan nyirnakeun dosa-dosa manusa. Geus tarerang deuih, yen Anjeunna teu kagungan dosa.

6Anu geus jinek anut ka Anjeunna, tangtu moal milampah dosa. Sing saha anu milampah dosa keneh, hartina can awas jeung can wawuh ka Anjeunna.

7Anaking! Kahade ulah beunang kasasabkeun ku batur. Anu lampahna adil teh, bener: Sakumaha Al Masih anu bener tea.

8Anu tonggoy milampah dosa, eta mah anak-anak Iblis. Sabab Iblis mah ti awitna keneh oge, geus milampah dosa. Putra Allah nu matak mijalma teh nya geusan ngagagalkeun pagawean-pagawean Iblis tea.

9Sing saha anu jadi putra Allah, moal milampah dosa. Lantaran hirupna geus kaancikan ku kakawasaan Allah; malah moal bisaeun milampah dosa teh, lantaran diyugakeun ku Allah.

10Gampang bae ngabedakeunana, nu mana putra-putra Allah, nu mana anak-anak Iblis: Mana-mana anu goreng lampah jeung teu nyaah ka dulur-dulur, tah nu kitu, nu lain putra Allah teh.

11Ti kawitna keneh dulur-dulur geus diwurukan, supaya silih pikanyaah jeung pada batur.

12Ulah kawas Kain, anak Iblis, anu maehan adina tea. Ku naon Kain kitu kalakuanana? Bawaning ku jahat adatna, teu cara adina, ibadah ka Allah.

13Ulah heran upama dulur-dulur dipikangewa ku dunya.

14Urang terang yen geus pindah pileumpangan, tina paeh kana hirup, lantaran aya kanyaah ka dudulur. Anu teu boga kanyaahan mah, kaayaanana tetep paeh.

15Anu mikageuleuh ka dulur, ngaranna maehan. Ari tukang maehan mah, teu kaancikan ku hirup langgeng.

16Ti Al Masih, urang geus terang nu kumaha ari nu nyaah jeung asih teh. Anjeunna geus ngorbankeun salira ngabela urang. Urang oge wajib ngorbankeun diri keur kapentingan duduluran.

17Jelema beunghar, tapi cadu nulung ka nu butuh; majar boga kanyaah ti Allah teh, tapi mana buktina?

18Anaking! Ulah ngan semet biwir wungkul nyebut-nyebut nyaah teh! Buktikeun kalawan prakna jeung iklasna.

19Engkena, tangtu karasa yen enya urang teh kaasup jelema bener; jadi, bisa teger di payuneun Allah.

20Memang dina sagala hal hate urang sok ngadakwa. Tapi Allah mah langkung uninga, ti batan anu karasa ku urang sorangan. Mantenna uninga kana sagala rupa.

21Upama tina budi rasa urang taya dakwaan naon-naon, rek barang suhunkeun ka Allah teh tangtu moal rumegag;

22naon bae anu disuhunkeun ka Mantenna, tangtu dikabul; lantaran urang nurut kana timbalana-Na jeung laku lampah urang teh sapuk jeung pangersa-Na.

23Ari timbalana-Na teh, urang kudu mantep percaya ka Isa Al Masih, Putra-Na; bari silih Pikanyaah, sakumaha anu dipiwarang ku Al Masih.

24Anu nurut kana timbalan Allah, eta teh manunggal jeung Allah sarta Allah linggih dina hatena. Bisana ngarasa yen Allah linggih di jero hate urang teh, nya ku karana Ruh Allah anu ku Mantenna geus dikurniakeun ka urang tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (1 Yohanes 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Yohanes 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel