Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 5 >> 

1Urang hirup di dunya teh, lir ngancik dina hiji kurungan anu engkena diburak. Tapi simkuring terang yen di sawarga ku Allah teh, geus disayagian kurungan sejen anu sipatna langgeng, lain buatan manusa.

2Dina kurungan anu ayeuna, hirup teh kumejot hayang geura ngancik kana kurungan anu ti sawarga tea.

3Geus make anu eta mah urang teh moal bulucun.

4Sapanjang make kurungan anu ayeuna mah, hirup urang teh eungap ku lobana kabeubeurat. Ku sabab urang hayang make nu anyar, ngan anu heubeul oge hayang ulah ucul. Malah anu sipatna keuna ku ajal teh hayang sina kakurung ku anu sipatna langgeng.

5Tapi memang kitu, disayagikeunana ku Allah oge sarta tangtu dilaksanakeun. Tawisna apan urang ku Mantenna dipaparinan Ruh-Na.

6Ku sabab eta, najan dina jasad nu ayeuna can bisa ngahiji jeung Gusti, ari hate mah reugreug;

7ku lantaran simkuring mah percaya, sanajan eta hal teh, acan tembong.

8Simkuring tetep yakin ka Anjeunna, rido ucul tina jasad anu ieu, asal bisa ngahiji jeung Gusti.

9Ku sabab eta, boh di dieu boh di ditu anging sumeja tumut kana pangersa-Na bae.

10Sabab urang kabeh, pasti kudu jonghok di pangadilan Al Masih — sakumaha kaayaan masing-masing — pikeun narima ganjaran satimpal jeung kalakuan hirupna, boh hade boh jahat.

11Ku lantaran nyaho yen Allah wajib dipikagimir, simkuring ngajak ka sarerea, sangkan gimir oge ka Mantenna. Allah mah uningaeun kana kaayaan simkuring, atuh aranjeun ge sing enya-enya wanoh ka simkuring teh.

12Tapi lain rek ngasongkeun maneh, ieu mah supaya aranjeun agul ku simkuring teh puguh dasarna. Ieu perlu, supaya aranjeun bisa nyanghareupan jalma-jalma anu leuwih agul ku nu sipat lahir, ti batan ku nu sipat batin.

13Upama simkuring sok nepi ka siga nu leungit akal waras, eta taya lian ngan pikeun kamulyaan Allah. Sabalikna, keur kapentingan aranjeun mah akal simkuring teh walagri.

14Kageuing ku asih-Na Al Masih, simkuring yakin yen geus aya hiji Manusa anu pupus keur kapentingan sarerea, anu kuduna paraeh.

15Al Masih pupus ngagentosan manusa. Ku sabab eta, anu saralamet teh, hirupna ulah ngan keur kapentingan dirina sorangan bae, tapi kudu dipake pikeun ngabakti ka Al Masih. Anjeunna pupus, tapi geus digugahkeun deui pikeun kasalametan kabeh manusa.

16Ku sabab eta, ti semet ayeuna simkuring moal nilik jelema tina kaayaan lahiriahna. Simkuring oge tadina mah nilik ka Al Masih teh tina kaayaan lahiriah-Na, tapi ayeuna mah geus henteu.

17Saha-saha anu geus aya dina katunggalan jeung Al Masih, eta teh mahluk anyar; sipat heubeulna geus leungit kasilih ku anu anyar.

18Eta teh kabeh oge padamelan Allah. Al Masih, ku Mantenna dijadikeun jalan ngahontal karapihan antara urang jeung salira-Na. Ari simkuring sapara kanca dipercanten ngawawarkeun eta karapihan.

19Ku jalan Al Masih, pangeusi dunya teh, ku Allah diraketan deui tur dosa-dosana henteu dibalitungkeun. Nya simkuring, rasul-rasul, anu ku Mantenna dipercanten ngawawarkeun eta piwelas-Na teh.

20Jadi, simkuring teh, — kitu deui rasul-rasul sejenna — nya geus kapilih jadi utusan-utusan Al Masih. Ku jalan ngutus simkuring sapara kanca, Allah teh sasat sumping ku anjeun ngelingan ka dulur-dulur. Lantaran jadi wawakil Al Masih, simkuring neda-neda, muga aranjeun daraek dirapihkeun deui jeung Allah.

21Al Masih anu suci tina dosa, ku Allah geus dipinuhan ku dosa keur pisalameteun urang, supaya urang anu geus jadi satunggal jeung Al Masih bisa diangken bener ku Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Korintus 5):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Korintus 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel