Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 8 >> 

1Dulur-dulur, simkuring rek medar sih kurnia Allah ka umat-Na di Makedoni.

2Maranehna teh nandang cocoba anu pohara beuratna, tapi bubudenna teh barerag bae; tur sakitu mariskinna oge, tapi maranehna garetol kana mere derma.

3Tangtu, maranehna ngalakukeun kitu teh bari mereketkeun maneh.

4Malah kalah ka mararenta, — keukeuh pisan — hayang milu ngabantu nyumbang-nyumbang ka sasama umat Gusti.

5Teu nyana, nepi ka kitu! Lian ti sumerah ka Gusti, maranehna teh, — bari jeung kerna Allah — nawarkeun tanaga ka simkuring sapara kanca.

6Atuh simkuring sapara kanca teh, ngadesek ka Titus sina neruskeun amal saleh anu bareto ku anjeunna dimimitian di aranjeun tea, supaya nepi ka hasil.

7Ayeuna aranjeun teh geus jembar. Jembar iman, jembar basa, jembar pangarti, jembar pitulung, turug-turug jembar kanyaah ka simkuring sapara kanca. Muga-muga deuih sing jembar ku pangrojong kana eta usaha amal saleh.

8Tapi ieu mah lain marentah. Ieu mah ngan nyaritakeun sumanget batur kana tutulung, malakmandar bisa ngahudangkeun sumanget aranjeun kana tutulung cara kitu.

9Aranjeun geus ngarasa welas asih-Na Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. Anjeunna anu sugih taya kakurang, dugi ka iklas nandang walurat ngabelaan aranjeun, supaya aranjeun jaradi sugih.

10Tumali jeung eta, kieu timbangan simkuring, sugan katarima: Ngingetkeun eta usaha teh, — nya aranjeun anu pangheulana mikiran — geus dimimitian diusahakeun ti taun tukang keneh;

11kumaha upama eta usaha teh, dijalankeun deui ayeuna nepi ka hasil tur sing suhud cara barang mimiti. Dipenta ridona, sakumaha bae ti nu geus aya.

12Da anu bisa ditarima teh, tangtu ti anu rido jeung ti nu geus aya, lain ti nu tacan aya.

13Dipentaan soteh, lain hartina kudu ngentengkeun batur bari sorangan seuseut-seuat. Ieu mah, malar aya kasaimbangan.

14Kaleuwihan aranjeun teh, kudu dipake nalang ka maranehna nu keur teu baroga; supaya kaleuwihan maranehna oge, nalangan aranjeun. Mun kitu tangtu kasaimbangan teh aya.

15Ieu luyu jeung Kitab: ‘Anu loba beubeunanganana ulah kaleuwihan, anu saeutik ulah kakurangan.’

16Sukur, Allah geus ngersakeun Titus geten ngabantu ka aranjeun cara simkuring.

17Bawaning ku getenna, miangna ka aranjeun teh lain sakadar nyumponan pamenta simkuring, tapi bari jeung niatna sorangan.

18Anjeunna dibaturan ku hiji dulur anu kapake ku jamaah dina ngawawarkeun Injil;

19malah dipercaya pikeun ngabantu simkuring dina ieu usaha amal kahadean nu diurus ku simkuring, geusan kamulyaan salira Gusti jeung pikeun nandakeun karidoan simkuring.

20Enggoning ngajalankeun ieu usaha tur ngurus duit sumbangan anu sakitu gedena, simkuring seja nyegah ulah nepi ka aya sangkaan teu hade ti batur.

21Sabab hayang hade teh lain ngan di payuneun Allah bae, tapi oge di hareupeun sasama jalma.

22Aya saurang deui anu bareng diutus teh, nya eta dulur simkuring anu geus sering dicoba sarta bukti kagetenanana; malah ka dieunakeun mah, beuki geten bae lantaran kataji ku aranjeun.

23Ari Titus mah geus puguh deui kanca simkuring anu babarengan ngabantu ka aranjeun. Ari anu duaan deui, kabeh ge, wawakil jamaah sarta kamanah ku Al Masih.

24Ku sabab eta, muga ditararima. Tembongkeun kanyaah aranjeun. Tembongkeun ka jamaat yen aranjeun beunang diandelkeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Korintus 8):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Korintus 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel