Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 9 >> 

1Perkara ngabantu ka sasama umat Allah, saenyana, aranjeun geus teu kudu dititah-titah.

2Simkuring percaya yen hate aranjeun jembar. Ka urang Makedoni mah ku simkuring malah dibejakeun kieu: ‘Urang Ahaya mah, ti taun tukang keneh ge geus ngamimitian.’ Temahna maranehna kahudang sumangetna.

3Nu matak simkuring ngirimkeun utusan teh, malar pangalem simkuring perkara aranjeun henteu gagal. Hayang supaya aranjeun enya-enya geus sadia-sadia sakumaha anu diomongkeun ku simkuring.

4Sabab mun simkuring, jol ka dieu jeung sawatara urang Makedoni nyampak aranjeun can naon-naon, kapan tada teuing simkuring erana, nya kitu keneh aranjeun anu geus sakitu diugungna.

5Eta sababna, memeh datang, sorangan teh ngajurungkeun heula batur sina muguhkeun sumbangan anu geus disanggupan ku aranjeun tea. Ngarah enya, eta sumbangan teh, beubeunangan ti anu nyarumbang, lain beunang duduk-dadak simkuring kokobet tina saku aranjeun.

6Masing inget: Anu tandurna saeutik, dibuatna ge saeutik. Anu tandurna lega, dibuatna ge loba.

7Kira-kira ku sorangan, rek nyumbang sabaraha-sabarahana mah; eta ge kudu iklas, ulah ngarasa dumeh dipaksa. Nu mere jeung suka lilah, tangtu diasih ku Allah.

8Allah teh kawasa ngarijkian aranjeun medah-meduh, nepi ka sagala kaperluan aranjeun cukup tur laluasa sarta bisa ngabantu ku kahadean.

9Sakumaha ceuk Kitab: ‘Mantenna maparin berkah, nyekapan ka nu mariskin; welas asih-Na, mayeng salalanggengna.’

10Mantenna Nu maparin binih keur nu tebar jeung maparin keur tedaeunana; tangtu ka aranjeun oge, Mantenna maparin binih. Tur binihna tangtu dikersakeun jadi, sangkan amal usaha aranjeun hasilna manglipet-lipet.

11Mantenna baris ngersakeun aranjeun lubak-libuk, nepi ka bisa nulung mere ka nu lian. Sarta eta pitulung aranjeun teh, baris ngalantarankeun maranehna ngucap sukur ka Allah.

12Sabab eta sumbangan teh, lain bae baris nulung ka umat Allah, tapi oge baris ngalantarankeun rea jalma ngarasa sukur taya papadana ka kersa Allah.

13Ieu usaha amal kahadean teh geusan nembongkeun iman aranjeun, sangkan dulur-dulur urang ngamulyakeun ka Allah. Lian ti eta, oge pikeun nembongkeun, yen aranjeun tuhu kana pangajaran Al Masih; aranjeun boga hate anu mulya, dibuktikeun ku mitulung maranehna; kitu deui, ka nu sejen-sejenna.

14Ku maranehna baris katembong, kumaha luar biasana pitulung Allah ka aranjeun sarta maranehna bakal kacida ngadoakeunana.

15Puji jeung sukur ka lenggah Allah, anu kurnia-Na taya babandinganana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (2 Korintus 9):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Korintus 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel