Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 4 >> 

1Simkuring, hiji sakitan tina sabab jadi abdina Gusti, kacida ngaharepna, muga hirup dulur-dulur sing saluyu jeung maksad panyaur Allah:

2Handap asor salawasna sarta sareh budi; kalawan tetep sabar ka papada sabab dilimpudan ku kanyaah.

3Masing ruket layeut dina katunggalan Ruh:

4Sabadan, sa-Ruh, — kapan anu diarep-arep oge sarupa, nya eta pangarep-ngarep anu dumasar kana maksud panyaur Allah tea —

5sa-Gusti Jungjunan, saiman, sarta sabaptisan;

6lian ti eta, Allah anu disembah ku urang ge kudu tunggal, nya eta Rama sakumna manusa, — Gustining sakabeh — Nu barangdamel dina sagala rupa hal, Nu jumeneng dina sagala perkara.

7Urang geus dipaparin kurnia. Masing-masing nurutkeun kumaha perluna numutkeun timbangan Al Masih.

8Sakumaha ceuk Kitab: “Mangsa Anjeunna munggah ka manggung, munggahna nyandak boyongan-boyongan, sarta maparin rupa-rupa kurnia ka manusa.”

9Kecap-kecap “Anjeunna munggah ka manggung,” eta teh netelakeun yen Anjeunna kungsi lungsur ka ieu bumi.

10Eta Anu lungsur teh lajeng munggah ka manggung nu aya di jabaning langit, pikeun jumeneng tur ngereh sajagat raya.

11Sih kurnia-Na nu dipaparinkeun teh, nya eta aya jalma anu dijadikeun rasul-rasul, aya nu dijadikeun nabi-nabi, juru-juru Injil, pamingpin-pamingpin jamaah, sarta guru-guru jamaah.

12Eta sakabeh dianggo jalan, sangkan umat anu percaya ka Allah bisa ngalampahkeun tugas anu geus dipaparinkeun ku Mantenna, nya pikeun kajembaranana salira Al Masih.

13Lian ti eta, supaya urang oge bisa ngahontal katunggalan dina hal iman sarta dina hal kanyaho ka Putra Allah, malar bisa jadi Manusa nu sampurna saperti kasampurnaan Al Masih.

14Upama geus bisa kitu, urang teh geus moal kawas budak anu masih keneh bisa dibibitaan; moal kawas ombak anu beunang diulinkeun ku angin; moal kaolo ku rupa-rupa pangajaran teu uni, nya nu diasong-asong ku jelema-jelema julig, nu rek nipu merdaya sarta nyilakakeun tea;

15sabalikna, kalawan dibarung ku kanyaah, urang teh kudu medar nu bener; tangtu urang baris leuwih mekar nuju kana kasampurnaan saperti Al Masih anu jadi kapala urang.

16Nya Anjeunna puseur nu ngatur sakujur badan katut sagala babagianana. Upama tiap-tiap babagian badan sauyunan ngalakonan kawajibanana nurutkeun tugasna masing-masing tur didadasaran ku silih pikanyaah, tinangtu sakujur badan bakal hirup kalawan huripna.

17Kalawan asma Gusti, simkuring rek ngelingan: Omat, dulur-dulur, ulah angger bae hirup nurutan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah, anu angen-angenna marinculak.

18Nu kararitu teh hirupna poekkeun, geus teu make kana jalan ti Allah, baredegong, tur bodo katotoloyoh.

19Geus euweuh kaerana, resep ngalajur napsu, sarta paboro-boro nyiar kauntungan ku jalan kotor.

20Kapan piwulang Al Masih ka aranjeun mah lain kitu!

21Dulur-dulur geus terang ka Anjeunna, geus jaradi murid-Na sarta arapal kana piwulang-Na tina sual bebeneran.

22Ku sabab eta, geura piceun eta adat hirup aranjeun nu heubeul teh! Geura ruang watek nu heubeul teh! Upama teu kitu, cilaka; tangtu aranjeun palid ku hawa napsu sorangan.

23Hate jeung pikiran kudu robah, kudu anyar.

24Kudu jadi manusa anyar anu luyu jeung keur waktu diciptakeunana ku Allah, nya eta sayakti jeung suci kaayaanana.

25Jadi, aranjeun teh ulah silih bohongan deui. Kudu jujur pada batur sabab geus jaradi anggahota tina hiji badan.

26Mun aranjeun pareng ambek, omat, ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa. Memeh panonpoe surup, ambek oge kudu geus sirna.

27Masing ati-ati, Iblis mah ulah dibere omber!

28Jelema anu pagaweanana maling, ulah pulang-paling deui. Kudu daek singkil, usaha nyiar pagawean anu halal; ngarah bisa tutulung ka nu butuh ongkoh.

29Mun aranjeun ngucap ge, ulah matak nyugak. Sing hade pokpokanana sakumaha perluna, malar katarima ku nu ngadengena.

30Ulah nyiar-nyiar pinalangsaeun Ruh Allah nu suci; da aranjeun teh enggeus disegel ku Mantenna pikeun tanda dina poean aranjeun narima kasalametan.

31Aranjeun ulah sok ngunek-ngunek, ngayunkeun kakeuheul ngumbar amarah, ulah sentak-sengor, sarta supu-sapa; anu kitu mah kudu dijauhan; kitu deuih, sagala lampah nu goreng.

32Jeung pada batur kudu sareh, langsar hate, sarta silih hampura. Sabab aranjeun oge geus dihampura ku Allah, ku karana Al Masih.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Efesus 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Efesus 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel