Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Filemon 1 >> 

1Ti Paulus, anu keur dipanjara ku karana Isa Al Masih, jeung ti saderek Timoteus. Serat kahatur saderek Pilemon, sobat jeung mitra sagawe.

2Oge kahatur Nyi Apia jeung saderek Arsipus kanca saperjuangan urang tea; katut dulur-dulur jamaah anu karumpulanana sok di saderek.

3Mugi-mugi sadayana ginanjar rahmat rahayu berkah ti Allah, Anu jumeneng Rama, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

4Saban-saban neneda, simkuring tara tinggal ti ngunjukkeun saderek ka Allah dibarung ku muji sukur;

5lantaran ngadenge saderek pohara nyaah satiana ka Isa, Gusti Jungjunan urang, jeung ka sakumna umat Allah.

6Simkuring neneda deui, mugi-mugi tali mimitran jeung saderek teh matak nambahan jembarna paningal saderek kana satiap mangpa'at buah-buahna pagawean urang kanggo Al Masih tea.

7Kanyaah anu ku saderek diipuk dina hate sakur anu palercaya teh, estu matak bungah jeung matak lipur ka simkuring.

8Ngingetkeun urang teh saiman ka Al Masih, simkuring wani tadah-tuduh anu ku saderek perlu dilakonan.

9Tapi ngingetkeun kana kanyaah saderek, simkuring moal rek ngudukeun. Simkuring, Paulus, — tina rumasa geus kolot tur keur aya di jero panjara ku karana Isa Al Masih —

10seja menta tulung keur Onesimus tea; anu sasatna, dina harti rohani mah, manehna teh anak simkuring.

11Tadina mah, pikeun anjeun, Onesimus teh tanpa guna. Tapi ayeuna mah, geus jadi tanaga anu penting, boh keur saderek, boh keur simkuring.

12Ayeuna, eta beubeulahan hate simkuring teh, rek dipulangkeun deui ka saderek.

13Saenyana, nurutkeun kahayang mah, mending sina tetep heula ngabantu simkuring sabot eukeur dipanjara, — ku karana Injil tea — itung-itung wawakil anjeun.

14Tapi papadaning kitu, teu pisan-pisan seja nangtukeun kudu kitu. Ieu mah manawi saderek rido, supaya saderek ulah ngarasa kapaksa enggoning ngalampahkeun ka hadean teh.

15Kawasna, pangna saderek kudu pisah ti Onesimus sawatara lilana teh, sangkan ayeuna manehna saumur-umur aya deui di saderek.

16Bedana, ayeuna mah, manehna teh geus lain harkat kawula deui. Tapi leuwih ti kitu, da manehna teh geus jadi dulur nu dipikanyaah. Kitu, ari simkuring ka manehna mah. Nya komo ku saderek mah, boh sacara lahir, kitu keneh sacara iman ka Al Masih.

17Ku kituna, upama enya anjeun ngaku mitra ka simkuring; ngaku ka Onesimus teh, sing cara ka simkuring bae.

18Bisi bae manehna kungsi ngarugikeun atawa boga hutang ka anjeun, tempuhkeun ka simkuring bae.

19Nya Paulus, anu nandatangan dina ieu surat nu baris mayaranana. Simkuring moal rek nyabit-nyabit, yen saderek teh geus kahutangan pati ka simkuring.

20Tapi demi pajenengan Gusti, mugi anjeun kersa nulungan simkuring sakali ieu mah. Demi Al Masih, simkuring teh ku hayang dibubungah ku anjeun.

21Simkuring nyuratan teh kajurung ku kayakinan, yen saderek baris mere teh leuwih ti nu dipenta.

22Salian ti eta, simkuring teh hayang dipangnyadiakeun kamar; sabab gede harepan yen simkuring teh, — berkah doa anjeun keneh — baris kawidian ku Allah mulang deui ka anjeun.

23Aya salam pikeun anjeun ti saderek Epapras, batur sapanjara simkuring; dipanjarakeun teh, nya kitu, pedah anjeunna percaya ka Al Masih oge.

24Kitu deui anu eukeur ngabarantu pagawean simkuring: Markus, Aristarkus, Demas jeung Lukas ngaririm salam oge.

25Mugi-mugi aranjeun mendak sih piwelas-Na Al Masih.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Filemon 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Filemon 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel