Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Filipi 3 >> 

1Cindekna mah, dulur-dulur, heug sing barungah dina kamanunggalan jeung Gusti. (3-1b) Simkuring teu hoream malikan papatah anu bareto, anu baris pisalameteun mah.

2Kahade sing ati-ati, loba anjing jahat, nya eta jelema-jelema tukang sunat palsu.

3Da urang mah geus narima sunat anu sajati. Urang mah ibadah ka Allah teh kalawan panuyun Ruh Allah. Urang mah muntang ka Al Masih, lain kana ciri lahir.

4Simkuring sorangan, upama tea mah rek ngandel ka anu kararitu, kacida munasabahna; malah leuwih munasabah, ti batan batur.

5Lantaran keur simkuring umur dalapan poe ge, geus disunatan; tur turunan Israil ti kaom Binyamin; urang Ibrani asli; ta'atna kana hukum Toret, simkuring teh ti madhab Parisi;

6malah simkuring mah, kacida sumangetna dina nganiaya jamaah Al Masih; kitu deui dina nyumponan hukum Toret, simkuring mah taya cawadeunana.

7Tapi sanggeus simkuring raket ngahiji jeung Al Masih, eta kabeh teh, anu tadina disangka nguntungkeun, sihoreng ngan ngarugikeun.

8Malah lain eta bae. Sanggeus terang yen Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan simkuring — estu mulya tanpa tanding; hal-hal sejenna mah, asa taya pangajina pisan; anu karitu mah geus dipiceun, — da ngan ukur runtah — malar diri bisa kapimilik ku Al Masih;

9bisana manunggal jeung Anjeunna teh, lain ku tarekah sorangan, — nya eta ku jalan ta'at kana hukum Toret — tapi ku lantaran percaya ka Al Masih. Nya ku lantaran percaya tea, simkuring ku Allah diangken jelema bener teh.

10Taya deui cita-cita simkuring, jaba ti hayang enya-enya wanoh ka Anjeunna, bisa ngarasakeun hikmat mujijat gugah-Na ti nu maraot, ancrub kana kasangsaraana-Na, sarta dina nyorang ajal oge, hayang kawas Anjeunna;

11kalawan pangarep-ngarep, yen simkuring bisa hudang deui ti nu maraot.

12Simkuring henteu boga angkeuhan geus hasil atawa geus sampurna. Tapi simkuring rek enya-enya ngudag eta tujuan, nepi ka beunangna. Sabab eta pisan anu ditugaskeun ku Isa Al Masih, nalika simkuring disaur ku Anjeunna teh.

13Dulur-dulur, simkuring henteu boga angkeuh geus bisa ngahontal eta cita-cita. Kieu nu enya mah: Nu geus kaliwat teh dipopohokeun, sateka-teka rek ngudag pikahareupeun.

14Ngudag teh junun ka anu jadi tujuan, ngalap pahla ti sawarga, numutkeun panyaur Allah ku karana Isa Al Masih.

15Sarerea ge, anu jiwana sawawa mah, kudu kitu tekad teh. Dina ayana salah saurang di aranjeun anu beda pamanggihna, tangtu ku Allah dipaparinan terang.

16Ku kitu ku kieu, tetep kudu junun ka anu jadi tujuan.

17Tuturkeun hirup simkuring, bari awaskeun batur nu hirupna nurutkeun conto ti simkuring sabatur-batur.

18Simkuring geus sering mepelingan aranjeun; ayeuna ge kitu, seja mepelingan deui bari jeung ceurik balilihan, yen loba pisan jelema anu milih jalan hirup anu sejen, jadi musuh-musuh Al Masih anu disalib.

19Nu karitu lampahna teh, pasti cilaka; da nu dilulugukeun teh ngan eusi beuteung bae; nu dipuhit ngan kagorengan wungkul; nu dipikiran ngan hal-hal kadunyaan.

20Tapi ari urang mah, warga-warga sawarga; ti dinya oge urang nganti-nganti sumpingna Juru Salamet teh, tegesna Isa Al Masih.

21Anjeunna baris ngarobah kaayaan diri urang anu kacida hinana, ngajadi sarua jeung salira-Na anu mulya, anu pangawasa-Na geus bisa ngungkulan saniskara.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Filipi 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Filipi 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel