Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 2 >> 

1Heuleut opat belas taun ti harita, simkuring, Barnabas, jeung Titus, tiluan, ka Yerusalem deui.

2Ka ditu teh lantaran meunang pituduh ti Allah. Dina hiji riungan jeung rasul-rasul anu parenting tea, simkuring medar pangalaman nginjilan bangsa-bangsa sejen. Hal ieu pikeun mastikeun, yen sakur anu eukeur jeung anu enggeus dipigawe ku simkuring teh, teu mubadir atawa nyalahan.

3Dalah batur sorangan oge anu ngaranna Titus, urang Yunani tea, ku simkuring henteu diwajibkeun disunat,

4sanajan sawatara dulur-dulur ngadongsok supaya manehna disunat. Sihoreng, anu ngariribut teh jelema-jelema Masihi keneh, tapi anu ngan ngaranna wungkul; maranehna teh nyulusup rek nalungtik rasiah kamerdikaan umat Al Masih. Karepna mah, urang teh rek dijieun kawula deui.

5Tapi simkuring teu mundur, supaya kayaktian Injil tetep weuteuh pikeun aranjeun.

6Tapi ari jelema-jelema anu kaasup penting tea (saenyana pikeun simkuring, jelema mah najan tadina sakumaha pentingna oge taya bedana; da Allah mah, tara nilik kana harkat), ahir-ahirna mah, aranjeunna teu ngaraos kaabotan naon-naon ka simkuring teh.

7Malah sabalikna, kahartoseun, nya yen kawajiban simkuring teh nginjilan nu lain bangsa Yahudi; sakumaha Petrus sakanca-kancana anu kapapancenan nginjilan urang Yahudi.

8Sabab sakumaha Petrus, ku Allah, dikawasakeun nginjilan bangsa Yahudi; simkuring ge, geus dikawasakeun ku Mantenna teh jadi rasul anu baris nginjilan bangsa-bangsa sejen.

9Ahirna mah, ku Yakobus, Petrus, jeung Yahya, — anu kasarebat jaradi pamingpin jamaah — diangken yen Allah parantos maparin tugas husus ka simkuring. Aranjeunna sasalaman ka simkuring jeung Barnabas tandaning geus aya kasaluyuan: Simkuring nginjilan bangsa-bangsa sejen, aranjeunna nginjilan urang Yahudi.

10Pamundut ti aranjeunna ngan sarupa, nya eta supaya simkuring oge inget ka anggota-anggota cepengan aranjeunna anu mariskin; nya memang, da hal eta mah, ku simkuring teh geus diusahakeun satekah polah.

11Tapi waktu Petrus di Antioki, ku simkuring kapaksa diweweleh, bongan lepat.

12Harita anjeunna teh keur ngiring riungan tuang; berjamaah bareng jeung dulur-dulur ti golongan anu teu disunat. Teu lila, aya sababaraha urang utusanana Yakobus daratang. Ngadak-ngadak Petrus pindah calikna mencilkeun maneh, sieun dinaha-naha ku eta anu arumangkeuh jadi pahlawan-pahlawan sunat tea.

13Nepi ka dulur-dulur urang Yahudi anu sejenna, jadi sarua munapekna jeung anjeunna. Malah Barnabas pisan oge kabawakeun.

14Ku sabab peta kitu teh, tetela papalimpang jeung eusining Injil; tuluy bae ku simkuring, harita keneh sarta di hareupeun umum, Petrus diweweleh. Ceuk simkuring: “Anjeun teh urang Yahudi, nanging hirup anjeun niron-niron adat bangsa sejen, henteu nurutkeun tali paranti bangsa Yahudi. Atuh pimanaeun rek tiasa maksa nerapkeun tatakrama hirup Yahudi ka anu sanes bangsa Yahudi!”

15Memang, da simkuring mah tulen bangsa Yahudi, lain bangsa nu aya di luareun Toret; anu ku bangsa Yahudi umumna mah, nya disebut bangsa doraka tea.

16Tapi papadaning kitu, simkuring ge terang, yen pangna manusa diangken bener ku Allah teh lantaran anut ka Isa Al Masih, lain dumeh nurut kana Toret. Jadi, simkuring oge pangna diangken bener ku Allah teh nya ku lantaran anut ka Isa Al Masih, lain ku dumeh nurut kana Toret. Ceuk Kitab oge: Euweuh jelema anu diangken bener ku Allah ku lantaran nurut kana Toret.

17Ceuk urang Yahudi mah, nu hayang diangken bener ku Allah ku jalan anut ka Al Masih teh dosa; da ceuk maranehna mah, eta teh ngalanggar Toret. Tah upama enya kitu, naha eta teh Al Masih anu jadi sabab? Teu pisan-pisan!

18Anu jadi dosa tea mah, nya eta: Lamun sajeroning hayang diangken bener ku Allah teh ku jalan ngalakonan deui Toret anu ku simkuring geus dipiceun tea.

19Ku sabab simkuring ayeuna mah geus kawengku ku hukum anyar, atuh tina hukum Toret mah simkuring teh geus sirna; da simkuring mah geus masrahkeun hirup ka Allah ku lantaran geus milu digantung jeung Al Masih.

20Ku kituna, anu hirup di simkuring teh geus lain simkuring sorangan deui, tapi saenyana mah Al Masih anu ngancik di jero diri simkuring. Hirup simkuring anu kiwari teh, estu ku karana iman ka Nu jumeneng Putra Allah, anu geus mikaasih sarta ngorbankeun salira-Na nalangan simkuring.

21Eta sih piwelas-Na ku simkuring, tangtu moal ditolak. Sabab upama urang bisa salamet kulantaran hukum Toret, atuh pangorbanan Al Masih dugi ka pupusna teh, mubadir bae!


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Galatia 2):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Galatia 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel