Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 7 >> 

1Melkisidik teh raja nagara Salem, oge Imam Allah Nu Maha Agung. Nalika Ibrahim mulih jurit, tas nalukkeun raja-raja; anjeunna teh, dipapag jeung diberkahan ku Melkisidik.

2Tuluy ku Ibrahim dihaturanan barang jarahan saperpuluhna. Harti Melkisidik teh, tina jenenganana, saenyana “rajaning kaadilan.” Ari harti raja Salem nya eta “rajaning karahayuan.”

3Saha ibu ramana, saha karuhun-karuhunna, kumaha awal ahir jumenengna, teu aya nu terang. Ngan anjeunna teh sababad jeung Putra Allah, nya eta Imam salalanggengna.

4Kaagungan pangkatna, Melkisidik teh, tetela tina panghaturanan Ibrahim, barang-barang jarahan nepi ka dihaturkeun saperpuluhna!

5Turunan-turunan Lewi anu jaradi imam, saluyu jeung hukum kudu narik pajeg pangasilan rayatna, najan papada turunan Ibrahim keneh.

6Tapi Melkisidik, najan lain turunan Lewi, bet narik pajeg ti Ibrahim pisan; tur Ibrahim anu geus kenging jangji ti Allah ge, ku anjeunna teh, diberkahan deuih.

7Ku sarerea oge mo bisa dipungkir, yen harkat anu ngaberkahan mah tangtu leuwih luhur ti batan anu diberkahanana.

8Imam-imam anu wenang narik perpuluhan tea, kabeh ge mahluk anu kakurung ku pati. Ari Melkisidik mah ceuk Kitab Suci tetep jumeneng.

9Saenyana, Lewi ku anjeun anu wenang narik perpuluhan teh; tapi malah tibalik, sasat mayar perpuluhan ka Melkisidik, ku jalan Ibrahim tea.

10Memang keur jaman Ibrahim, Lewi acan gelar ka dunya. Tapi anjeunna teh kapan terah Ibrahim, karuhunna, anu dipapagkeun ku Melkisidik tea.

11Bani Israil narima aturan kitu teh lantaran patali jeung kaimaman kaom Lewi. Upama enya, kaimaman kaom Lewi teh sampurna; naha bet kudu aya deui imam sejen, kawas Melkisidik anu lain turunan Harun?

12Sejen kaimaman tangtu sejen deui aturanana.

13Gusti Jungjunan urang anu ayeuna dicaritakeun ge, beda kaom-Na; da ti kaom Anjeunna mah, teu aya anu kapapancenan mingpin upacara kurban dina mezbah.

14Tangtu sarerea ge terang, yen Anjeunna mah asal ti kaom Yuda, nya eta hiji kaom anu dina sual kaimaman teu disebut-sebut ku Musa.

15Sual anu keur dicaturkeun teh, baris leuwih tetela; nya lantaran aya deui Imam anu saperti Melkisidik tea,

16anu dijenengkeunana luareun katangtuan-katangtuan beunang manusa, tapi ku karana hiji kawasaning hirup anu teu keuna ku musna.

17Hal ieu Imam, kieu diumumkeunana: “Maneh dijenengkeun Imam pikeun salalanggengna, saperti Melkisidik.”

18Aturan-aturan heubeul, — lantaran tetela taya dayana jeung taya gunana — kudu dipiceun.

19Toret Musa teh, geus tetela, teu nungtun manusa kana kasampurnaan sarta geus aya gantina, nya eta anu mere harepan leuwih utama sarta anu baris ngaraketkeun urang ka Allah.

20Turug-turug, dikuatkeun pisan ku ikrar sumpah Allah. Sabab imam-imam lianna mah, taya saurang oge anu dikuatkeun ku sumpah Allah.

21Tapi nalika Anjeunna dijenengkeun Imam, Allah teh ngikrarkeun sumpah-Na: “Pangeran geus ragrag sumpah, hamo ku Mantenna diudar. Sumpah-Na: Maneh dijenengkeun Imam keur salalanggengna.”

22Lebah dieu kaciri bedana teh: Ku jalan kitu, Isa teh ngajadi hiji tanggelan tina hiji perjangjian anu leuwih kuat.

23Bedana deui: Imam-imam kaom Lewi mah, gunta-ganti; taya nu bisa terus jadi imam lantaran kapegat ku ajal.

24Tapi kaimaman Isa mah, hamo aya anu megat sabab jumeneng salanggengna.

25Ku kituna, Anjeunna kawasa maparin kasalametan kalawan sampurna ka sing saha anu sumeja dumeuheus ka Allah ku perantaraan Anjeunna; nya ku lantaran Anjeunna teh jumeneng salalanggengna tea.

26Nya ieu Imam Agung anu dipikabutuh ku urang teh: Suci, tanpa salah, tanpa noda, teu keuna ku dosa, sarta raket ka Allah.

27Imam Agung nu sejen mah, unggal poe kudu kurban keur miceun dosana jeung dosa bangsana. Sedengkeun Isa mah, henteu. Sakali korban salira, maunatna keur salalawasna.

28Imam Agung anu diangkatna nurutkeun Toret Musa mah, mahluk anu sipat hengker tea. Tapi Imam Agung sanggeus jaman Toret, dijenengkeunana teh kalawan ikrar sumpah ti Allah, nya Putra Allah tea sampurnaning Imam Agung salalanggengna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Ibrani 7):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Ibrani 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel