Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 11 >> 

1Yen ayana bangsa sejen anu narima kana pangandika Allah teh, geus kabejakeun ka rasul-rasul jeung dulur-dulur sakapercayaan nu araya di tanah Yudea.

2Waktu Petrus ngalongok ka Yerusalem, anjeunna diweweleh ku dulur-dulur ti golongan anu disunat tea,

3pokna, “Naha bapa teh kersa ngasupan imah bangsa nu teu disarunat, malah tuang babarengan jeung golongan anu karitu?”

4Tuluy, hal ihwalna teh, ku Petrus dijentrekeun parele; saurna,

5“Hiji mangsa, basa bapa keur di Yopa, sabot sembahyang dumadakan bapa kabawa ku pangawasa ilahi. Bapa ningal sarupaning barang anu mangrupa lawon rubak nu ditalian kaopat juruna. Eta barang teh, turun nepi ka srogna di hareupeun bapa.

6Barang ku bapa ditingali, eusina, nya rupa-rupa sato, ti bangsa suku opat nepi ka bangsa nu ngarayap jeung bangsa manuk.

7Ngong aya soara, pokna: ‘Geura hudang, Petrus! Heug peuncit, heug dahar Eta sato teh!’

8Cek bapa teh, palias Gusti, sungut abdi tara pirajeunan kana barang haram atanapi najis.

9Tuluy, eta soara ti sawarga teh, ngong deui: ‘Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu meunang diharamkeun.’

10Kitu jeung kitu bae nepi ka tilu balikan; sanggeus eta, kakara barangna dipulut deui ka langit.

11Waktu eta keneh, wet, aya anu carunduk tiluan geus di hareupeun panto imah tempat bapa nganjrek. Sihoreng, maranehna teh, utusan ti Kesarea.

12Geus kitu, bapa didawuhan ku Ruh Allah, saur-Na: ‘Maneh kudu milu jeung maranehna kalawan ulah rumegag.’ Ka dituna bapa teh dianteur ku genepan. Sanggeusna tepi, sarerea asup ka imah nu ngangkir.

13Ki pribumi nyaritakeun yen anjeunna geus kasumpingan malaikat, ngadeg di imahna. Eta malaikat nimbalan, yen anjeunna kudu nitahan jelema ka Yopa pikeun ngangkir Simon anu katelah Petrus,

14nu bakal nungtun maraneh sakulawarga kana jalan pisalameteun.

15Sabot bapa cacarita di dinya, Ruh Allah lungsur ka maranehna, kawas ka urang-urang tea, bareto.

16Ras bae, bapa inget kana dawuhan Gusti Jungjunan urang, anu nyaurkeun yen Yahya mah ngabaptisna ku cai, ari urang mah bakal dibaraptis teh ku Ruh Allah.

17Sabab Allah ku manten, geus maparinkeun sih kurnia ka maranehna sarua jeung ka urang bareto, nya eta basa mimiti percaya ka Isa Al Masih. Atuh pimanaeun bapa bisa ngahalang-halang kana pangersa-Na?”

18Geus kitu mah, anu ngaweweleh teh laleler; malah antukna mah ngamulyakeun ka Allah, pokna, “Allah teu ngabeda-beda ka bangsa deungeun; lian ti eta, oge maparin kurnia pertobat nu jadi marganing hirup.”

19Geus kacatur, ti barang Stepanus dipaehan para panganut teh dikaniaya, nepi ka papencar arincah ka mana mendi. Aya nu nepi ka Penisia, ka Siprus, jeung ka Antioki oge. Di ditu ge, maranehna teh tetep bae ngawawarkeun Injil; sanajan ngan ka papada urang Yahudi deui oge.

20Ti antara anu marubus ka Antioki, aya sawatara urang nu asal ti Siprus jeung ti Kirena. Maranehna ngabarkeun Injil oge ka urang Yunani. Ku maranehna diterangkeun, yen Isa teh Gusti Jungjunan.

21Lantaran kabiruyungan ku pangheuyeukna panangan Gusti Jungjunan urang, loba pisan jelema anu jadi percaya sarta aranut ka Anjeunna.

22Ieu hal, kabejakeun oge ka jamaah nu di Yerusalem, anu terus ngirimkeun Barnabas ka Antioki.

23Barnabas kacida bungaheunana, sanggeus anjeunna ningal bukti buah-buahna rahmat Pangeran di eta tempat. Anjeunna nganasehatan, supaya maranehna tetep tuhu ka Gusti.

24Lantaran Barnabas teh jelema hade budi tur kadeudeul ku Ruh Allah jeung ku iman, loba jelema anu katarik nepi ka palercayana ka Gusti Jungjunan urang.

25Ti Antioki Barnabas terus ka Tarsus nepungan Saulus. Tuluy Saulus diajak ka Antioki ku Barnabas.

26Duanana marukim di jamaah Antioki, meunang sataun campleng bari ngawuruk ka jalma rea. Murid-murid panganut Al Masih teh, nya di Antioki pisan mimiti disarebut ‘Urang Masihi.’

27Sajeroning kitu, aya oge nabi-nabi anu ti Yerusalem ngadongdon ka Antioki.

28Salah saurang di antarana, ngaran Agabus. Anjeunna kaserepan ku Ruh, nyebutkeun yen bakal aya paila hebat di sakuliah dunya. Naon nu geus disebutkeun kuanjeunna, bukti; eta kajadian teh keur jaman Prabu Klaudius.

29Murid-murid baradami rek arudunan, — gedena kumaha mampuhna masing-masing bae — pikeun disumbangkeun ka dulur-dulur nu marukim di Yudea.

30Prak bae, murid-murid teh arudunan; tuluy beubeunanganana dipasrahkeun ka pangurus jamaah di Yudea ku jalan dipihapekeun ka Barnabas jeung Saulus.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 11):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel