Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 6 >> 

1Hiji mangsa, sanggeus murid-murid beuki loba, urang Yahudi anu sapopoena ngaromong dina basa Yunani kukulutus. Lantaran ngarasa randa-randana disapirakeun dina urusan ngabayuanana, beda ti randa-randa urang Yahudi asli.

2Ku dua belas rasul, murid-murid teh dipiwarang kumpul. Tuluy ku rasul-rasul dicariosan, “Pangandika Allah teu meunang kateler-teler ku nguruskeun bae sual-sual sejen.

3Matak eta, dulur-dulur, coba milih batur tujuhan anu kasebut hade kalakuan jeung budina. Jelema-jelema bieu, engke urang angkat keur urusan eta;

4supaya bapa sapara kanca bisa jongjon dina urusan sembahyang jeung Pangandika Allah.”

5Ieu usul kacida pada ngarempuganana; tuluy jamaah teh milih: Stepanus, jelema anu ibadah pisan tur kaancikan Ruh Allah, Pilipus, Prokorus, Nikanor, Timon, Parmenas, jeung Nikolaus urang Antioki anu nyekel agama Yahudi.

6Sanggeus anu tujuhan eta dideuheuskeun, ku rasul-rasul dipangnedakeun jeung ditumpangan panangan.

7Pangandika Allah beuki sumebar, bilangan murid beuki loba, malah loba panghulu anu tumut kana kapercayaan jamaah.

8Kocap, Stepanus — anu ginuluran kurnia jeung kawasa — bisa ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat hareupeun umum.

9Geus kitu, ka anjeunna aya anu ngajak padu. Jelema-jelema anu ngajak padu teh, nya eta ti jamaah Yahudi anu disebut kaum Libertini, — anggota-anggotana teh, sawatara asal ti jamaah urang Kirena, sawatarana deui ti Aleksandria — urang Yahudi ti Kilikia, jeung ti Asia.

10Tapi maranehna teu kuat ngalawan kapercekaan Stepanus, teu sanggup nandingan Ruh Allah anu ngatur kasauranana.

11Seug bae maranehna ngarorojok batur, pokna, “Eta jelema teh ucap-ucapanana ngahina ka Nabi Musa jeung ka Allah!”

12Pangaruhna teurak ka jalma rea, ka rengrengan sesepuh, jeung ka ahli-ahli Kitab; terus bae maranehna teh nangkep Stepanus sarta ngagiringna ka Mahkamah Agama.

13Maranehna ngayakeun saksi-saksi palsu sina ngucapkeun pitenah: “Ieu jalmi teu eureun-eureun ngaluarkeun omongan anu nganistakeun tempat suci sareng hukum Toret.

14Kakuping pisan ku simkuring sabatur-batur, anjeunna nyebat-nyebat yen Isa, urang Nasaret tea, baris ngaruag tempat suci sareng ngarobah adat tali paranti bangsa urang titilar Musa.”

15Rengrengan marerong ka Stepanus, tapi pasemonna katembong cahayaan lir raray malaikat bae.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel