Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 20 >> 

1“Karajaan Sawarga teh, ibarat hiji jelema anu rebun-rebun geus indit neangan kuli, nya sina digawe di kebon anggurna.

2Sanggeus putus yen piburuheunana sadinar sapoe, terus kuli-kuli digarawe.

3Kira-kira pukul salapan, manehna indit deui, ka pasar; di dinya manehna manggih nu keur ngaligeuh, terus ditawaran gawe,

4pokna: ‘Hayu gawe di kebon anggur kula, buruhna pantes.’ Tuluy maranehna arindit digawe.

5Kira-kira pukul dua belas jeung pukul tilu, nu boga kebon teh indit deui, cara tadi.

6Kira-kira pukul lima, geus burit, indit deui bae neangan jelema. Geus manggih diajak ngomong: ‘Ku naon tingjaranteng bae ti isuk?’

7Walonna: ‘Teu aya anu ngulikeun.’ ‘Hayu atuh milu, digawe di kebon kula.’

8Sanggeus poe reupreupan, nu ngulikeun teh nitah ka mandor: ‘Sina kumpul nu digarawe teh, buruhanana bayar. Heulakeun bayar anu daratang pangburitna.’

9Tuluy nu daratang pukul lima sore dibayar ti heula sadinar sewang.

10Anu daratang pangisukna, maranehna nyangka rek dibayar leuwih gede. Tapi wet, sarua sadinar keneh.

11Bari nampanan buruhan maranehna gegelendeng:

12‘Nu daratang pangburitna digawe na ukur sajam, ari bayaranana wet disaruakeun jeung anu ngadedeluk ti isuk keneh bari moe maneh.’

13Cek anu ngagawekeun: ‘Dulur-dulur, kula henteu pilih kasih. Lain geus akur urang teh, buruhna sadinar sapoe?

14Geus, geura tarima ku maraneh, jung geura balik. Hanas anu daratangna pangburitna dibayar sarua jeung aranjeun, atuh eta mah geus niat kula kitu.

15Na teu meunang kula make duit sorangan sakahayang? Atawa maraneh sirik pedah kula bageur?’

16Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti hareula, anu pangheulana jadi pandeuri.”

17Waktu Isa rek angkat ka Yerusalem, murid-murid anu dua belas sina dareukeut ka Anjeunna. Di tengah jalan, Anjeunna nyarios ka maranehna bae, saur-Na,

18“Ayeuna, urang rek ka Yerusalem; di ditu, Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ahli-ahli Kitab, sarta ku aranjeunna bakal diragragan hukum pati.

19Jaba ti eta, Anjeunna ge bakal dipasrahkeun ka bangsa anu teu wawuh ka Allah sina dihinakeun, dikaniaya, ahirna disalib. Tapi sanggeus meunang tilu poe, Anjeunna baris dihirupkeun deui.”

20Sabot kitu, jol bojo Sebedeus (indungna Yakobus jeung Yahya) bareng jeung dua anakna nemonan Isa; Tiluanana ngaharempoy ka payuneuna-Na, rek aya nu dipenta.

21Saur Isa, “Rek menta naon?” Wangsulna, “Dawuhkeun, yen ieu pun anak duanana widi kenging tempat di kiwaeun sareng di tengeneun Salira di Karajaan Jungjunan.”

22Tapi waler Isa, “Ibu teu terang ka nu dipenta. Na saranggup nginum tina lumur Kami?” Wangsulna, “Sanggem.”

23Saur Isa, “Lumur Kami memang bakal diinum ku maraneh. Tapi perkara tempat kenca katuhueun Kami, Kami teu kawasa ngidinan. Eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami bae.”

24Barang murid-murid nu sapuluh urang deui ngadenge pamenta kitu, jadi arambekkeun pisan ka anu duaan teh.

25Tapi ku Isa diwawadian, saur-Na, “Maraneh nyaho, pamarentah bangsa-bangsa marentah rahayatna teh ku kakerasan, nya kitu deui pembesar-pembesarna, keras deui bae.

26Tapi di antara maraneh mah, teu meunang kitu. Mun salah saurang aya nu hayang punjul ti nu lianna, manehna kudu daek ngabdi ka sarerea.

27Jeung saha-saha nu hayang jadi jelema penting, kudu jadi badega sarerea.

28Putra Manusa oge sumping ka dunya teh lain malar dikawulaan, tapi arek ngawulaan jeung seja narohkeun pati geusan nebus jalma rea.”

29Sanggeus Isa samurid-murid nepi ka luareun kota Yeriko, anu ngiring beuki ngalobaan.

30Di dinya, aya nu lolong duaan keur andiprek di sisi jalan; ngadenge yen Isa ngalangkung, maranehna teh tinggarero, pokna, “Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”

31Ku nu rea, eta nu lolong teh dicarek sina repeh; tapi tinggarerona beuki tarik bae, “Jungjunan, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!”

32Isa liren heula, nu lolong teh disaur; tuluy ku Anjeunna dipariksa, “Hayang dikumahakeun ku Kami teh?”

33Wangsulna, “Jungjunan, abdi teh hoyong tiasa ningal.”

34Isa ngahelas manah-Na, tuluy panon maranehna diusap: Bray bae, eta nu lolong teh bareunta, nya bisa nenjo. Geus kitu mah, maranehna teh ngiring ka Anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Matius 20):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel