Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 28 >> 

1Sanggeus liwat poe Sabat, dina poe Mingguna, rebun-rebun keneh Maryam Magdalena jeung Maryam geus arindit ngalongok pajaratan.

2Dumadakan aya lini gede sabab aya malaikat Pangeran lungsur ti langit ka lebah pajaratan; tuluy batu tutup pajaratan teh digulingkeun, terus gek dicalikan ku eta malaikat.

3Eta malaikat, rarayna, lir cahaya kilat; anggoanana putih beresih kabina-bina.

4Anu keur ngajaraga pajaratan pohara kasingsieuneunana nepi tingrumpuyuk kawas nu paraeh.

5Malaikat teh ngalahir ka wanita-wanita tea, saurna, “Ulah sieun. Kami nyaho, maraneh rek ngalongok Isa anu disalibkeun tea.

6Anjeunna teu aya di dieu; sabab Anjeunna teh geus gugah, sakumaha dawuhana-Na. Pek ilikan, tah urut-Na ebog.

7Ayeuna buru-buru ka ditu, bejakeun ka murid-murid-Na, yen Anjeunna geus gugah ti anu geus maraot. Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea, tangtu Anjeunna kapanggih ku maraneh di ditu. Kami ngomong anu saenyana.”

8Terus eta wanita-wanita teh arindit ninggalkeun pajaratan, sieun pacampur jeung bungah nu taya hinggana; aranjeunna teh lalumpatan pikeun ngabejaan murid-murid Isa.

9Dumadakan Isa amprok jeung maranehna, saur-Na, “Assalamualaikum.” Terus bae maranehna teh ngagabrug kana sampeana-Na, tuluy marunjungan.

10Saur Isa, “Ulah sieun. Bejakeun ka ditu, ka dulur-dulur Kami, yen maranehna kudu arindit ka Galilea. Engke, di ditu, maraneh tangtu papanggih jeung Kami.”

11Sabot maranehna di tengah jalan keneh, sawatara urang anu ngajaraga pajaratan arindit ka kota, ngalaporkeun kajadian tadi ka imam-imam kapala.

12Aranjeunna badami jeung parakokolot, terus mutuskeun mere panyocok ku duit sacukupna ka serdadu-serdadu jaga tea,

13bari salaurna, “Uar-uar ku maraneh, yen Manehna dipaling ku murid-murid-Na ti peuting waktu maraneh harees.

14Lamun hal ieu kadangueun ku gupernur, keun kami anu ngomongna, supaya maraneh teu manggih kasusahan naon-naon.”

15Duit ditarima ku serdadu-serdadu sarta maranehna terus uar-uar sakumaha papatah tadi. Eta carita terus nerekab ka sabangsa Yahudi, manjang nepi ka kiwari.

16Geus kitu, murid-murid anu sabelas arindit ka Galilea, ka hiji gunung anu geus dituduhkeun ku Isa.

17Sanggeus tepung jeung Anjeunna, terus maranehna munjungan. Tapi nu sawarehna mah, hamham keneh.

18Isa terus nyaketan ka maranehna bari ngalahir, “Sakabeh kawasa di sawarga jeung di bumi geus dipasrahkeun ka Kami.

19Ku sabab eta, maraneh kudu iang, kabeh bangsa kudu dijadikeun murid Kami sarta kudu dibaptis kalawan jenengan Rama, Putra, jeung Ruh Allah.

20Jaba ti eta, maranehna teh kudu diwurukan sina ngalampahkeun sagala rupa hal anu ku Kami geus diparentahkeun ka maraneh. Maraneh sing yakin, yen Kami teh terus ngareujeungan ka maraneh sapapanjangna, tepi ka ahir jaman.”


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Matius 28):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel