Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Roma 13 >> 

1Unggal jelema kudu nurut ka pamarentahna, nu nyekel kakawasaan. Sabab kakawasaan teh kabeh ge asal ti Allah. Pamarentah nu keur ngadeg, eta geus kersaning Allah.

2Ku sabab eta, bahula ka pamarentah teh, sarua jeung ngalawan pangersa Allah; anu ngalawanna, tinangtu dihukum.

3Pamarentah teh, pikeun rayat nu hade mah, teu matak sieun; kajaba pikeun nu jahat. Malar ulah sieun ku kakawasaanana, urang kudu bener, supaya jadi pujieun pamarentah.

4Aranjeunna teh kawula Allah anu baris nangtayungan ka urang. Matak sieun soteh pikeun nu jahat; sabab kakawasaan pamarentah teh, moal tambuh-tambuh; tur sapagodos jeung pangersa Allah, nya eta pikeun nibankeun hukuman ti Mantenna ka jelema anu jahat.

5Ku sabab eta,urang wajib nurut ka pamarentah. Lain samata-mata malar salamet bae, pangpangna mah,lantaran geus wajibna kudu bener lalampahan.

6Jaba ti eta, urang teh wajib mayar pajeg, ngingetkeun aranjeunna teh kawula Allah tea, anu ngatur rayat.

7Sakur anu diwajibkeun kudu dicumponan: Iuran bayar ka nu narik iuran; pajeg bayar ka nu wajib narik pajeg; ka nu pantes dipiajrih kudu ajrih; ka nu pantes dihormat kudu hormat.

8Ka itu ka ieu oge, ulah aya hutang, kajaba ti hutang budi. Hartina, kudu nyaahan. Sabab jelema anu nyaahan teh, hartina, nyumponan hukum Toret.

9Cek Toret: ‘Maneh ulah jinah. Maneh ulah maehan. Maneh ulah maling. Maneh ulah kabongroy ku barang batur.’ Ieu kabeh, kitu deui saeusining Toret, ari inti sarina mah nyoko dina timbalan nu kieu ungelna: ‘Kudu nyaah ka batur, lir ka awak sorangan.’

10Nu nyaahan mah, pamohalan nyieun kagorengan ka batur. Tah eta sababna, pangna nu gede kanyaahna kasebut geus nekanan hukum Toret teh.

11Eta teh wajib pikeun urang. Sabab ku aranjeun oge tangtu karasa, yen jaman kiwari teh geus nitih kana wanci nyaring. Sabab kasalametan nu ti Allah geus beuki leuwih deukeut bae, tibatan bareto-bareto.

12Peuting geus meh beak, geus tereh beurang. Kalakuan-kalakuan jahat anu biasa dilampahkeun popoekan geus kudu ditinggalkeun, geus kudu sadia saged keur baranggawe dina waktu caang.

13Kudu pantes nya lampah sakumaha pantesna ti beurang. Beurang teh ulah dipake balakecrakan, ulah dipake mamabokan, ulah dipake rucah ngumbar sahwat, ulah dipake pasea, jeung ulah dipake sirik pidik.

14Diri urang sakujur, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, jadikeun abdi Al Masih. Ulah migusti karep badani, nu kahayangna ngalajur napsu.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Roma 13):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Roma 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel