Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Roma 16 >> 

1Simkuring nitipkeun Pebe, dulur urang nu awewe, anu ngabantu jamaah di Kengkrea.

2Demi Gusti, pangnarimakeun sakumaha pantesna ka umat nu suci. Bantu-bantu tugasna, dina perluna. Manehna sorangan geus pohara ngabantuna ka jalma rea; kitu deui ka simkuring.

3Pangnepikeun salam katineung ka Priskila jeung Akwila, anu kungsi babarengan lakon gawe jeung simkuring demi Isa Al Masih.

4Maranehna geus naruhkeun pati, ngabelaan nyawa simkuring. Ka maranehna, lain simkuring bae anu nganuhunkeun teh, malah sakumna jamaah nu lain Yahudi oge.

5Kitu deui ka anggota-anggota jamaah anu caricing di imahna, salam ti simkuring. Salam ka Epenetus, katineung simkuring, cikalna panganut Al Masih ti Asia.

6Salam ka Maryam, anu geus digawe keur aranjeun sakitu temen wekelna.

7Salam ka Andronikus jeung Yunias, batur sabangsa simkuring anu kungsi bareng dipanjara jeung simkuring. Di antara rasul-rasul, duanana oge jelema-jelema terpandang, tur jadina Masihi oge heulaeun simkuring.

8Salam ka Ampliatus katineung simkuring, papada anut ka Al Masih.

9Salam ka Urbanus, batur gawe demi Al Masih, oge ka Setakis.

10Salam ka Apeles anu geus kauji percayana ka Al Masih. Salam ka saeusi imah Aristobulus.

11Salam ka Herodion, baraya simkuring. Salam ka sakur nu anut ka Gusti Jungjunan urang di imahna Narkisus.

12Salam ka Tripena jeung Triposa, anu geus banting tulang digawe pikeun Gusti. Oge ka Persis anu geus enya-enya digawe pikeun Gusti.

13Salam ka Rupus; kitu deui ka ibuna, anu karasana ku simkuring mah, lir ka indung teges.

14Salam ka Asinkritus, ka Plegon, ka Hermes, ka Patrobas, ka Hermas, katut kum duduluran Masihi sakumbuhan eta.

15Oge ka Pilologus jeung Yulia, Nerkus jeung dulurna nu awewe, jeung ka Olimpas, katut umat-umat suci lianna nu araya di maranehna.

16Muga aranjeun pada patarema leungeun masing-masing, sasalaman saiklasing ati minangka wawakil simkuring. Aya oge salam ti sakumna jamaah Al Masih, ka aranjeun.

17Aya keneh nasehat ti simkuring, nya eta muga aranjeun sing telik jeung ati-ati ka jelema-jelema anu boga niat ngalindih pangajaran anu ku aranjeun geus kacekel, niat ngagoda, jeung ngabengkahkeun. Poma, nu karitu mah, ku aranjeun teh kudu dijauhan.

18Jelema-jelema anu karitu teh, saenyana mah, lain rek lakon kumawula ka Al Masih, Gusti Jungjunan urang; tapi maranehna mah, ngan rek ngaradon ngabelaan beuteung wungkul. Lamun kurang-kurang awasna, lamun urangna bolostrong, weu, matak katipu enya-enya; ma'lum maranehna teh palalinter ngolo, maranis omonganana.

19Simkuring pohara bungahna ngadenge aranjeun tigin jeung satia tur kagurnita ka mana mendi. Ku simkuring didoakeun pisan sing parigel ngalakonan anu hade, ulah mirucaan kagorengan.

20Mugi-mugi Allah nu jadi sumberna kabagjaan, sing enggal-enggal ngancurkeun Iblis dina dampal suku aranjeun. Mugi-mugi aranjeun pinarinan berkahna Isa, Gusti Junjungan urang.

21Salam ti Timoteus, anu ngabantu simkuring. Kitu deui ti Lusius, Yason, jeung Sosipater, batur sabangsa simkuring.

22(Panyelang ti simkuring Tertius, anu mangnyeratkeun ieu serat. Simkuring oge, sami-sami saiman sareng aranjeun, nyanggakeun salam baktos).

23Salam ti Gayus, anu mere tempat tumpangan ka simkuring jeung mere tempat ka sajamaah. Salam ti Erastus panitera kota; kitu deui ti Kwartus nu saiman keneh jeung urang.

24Mugi-mugi aranjeun ditangtayungan ku sih kurniana Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Amin.

25Simkuring ngahaturkeun pirang-pirang nuhun ka Mantenna, anu kawasa nguatkeun ka aranjeun sabada meunang wawaran ti simkuring, jeung ku hibaring piwulang Isa Al Masih ku anjeun. Eta teh cocog jeung eusi rasiah, anu kiwari mah geus ditembrakkeun.

26Eta rasiah anu geus mangabad-abad diarep-arep teh, kiwari mah malah geus kamashur. Eusina cocog jeung anu diwartakeun dina kitab-kitab paranabi kalawan parentah Allah Nu Maha Langgeng, diwawarkeun ka sagala bangsa, supaya maranehna ngabakti ka Mantenna lantaran geus palercaya tea.

27Demi Isa Al Masih, anging ka Mantenna anu jumeneng Allah, pulangna sagala kamulyaan salalanggengna. Amin. Wassalam, Paulus.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Roma 16):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Roma 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel