Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Titus 2 >> 

1Tepikeun ku anjeun pangajaran anu sehat.

2Nu karolot, papatahan: Kudu rintih, asak jeujeuhan, make wibawa, mulus iman, nyaahan, jeung sabar.

3Kaum ibuna, papatahan: Kudu hirup sakumaha pantesna nu dipikolot, ulah upatan, ulah jadi budak inuman, kudu bisa mere pituah pupurieun,

4ngajar anu ngora sina nyaah ka salaki jeung ka anak,

5lantip, surti, jadi ibu rumah tangga anu utama, anu ngesto ka salaki, pikeun ngajaga supaya ulah aya anu ngagorengkeun kana pangandika Allah.

6Barudak ngorana kudu dididik sina harideng barisa mawa diri.

7Anjeun sorangan, kudu jadi picontoeun dina sagala hal. Mun ngawuruk, anjeun kudu jujur, enya-enya,

8basana sing ngaguluyur, ulah ngondang pibantaheun, sangkan nu niat ngalawan era sorangan tina teu manggih cawadeun ti anjeun.

9Anu karumawula, papatahan: Kudu nurut dina sagala rupa ka dunungan, ulah bantahan,

10ulah salingkuh, kudu beunang dipercaya salawasna, sagala pagaweanana kudu matak tambah jinungjungna ajaran Allah, Juru Salamet urang.

11Sabab Allah teh, geus maparin rahmat kasalametan ka sakumna manusa.

12Sih kurnia Mantenna teh ngandung pepeling, sangkan urang miceun lampah doraka jeung hawa napsu dunya; jaba ti eta, urang ge supaya nyaliksik diri, jujur, sopan, sarta ibadah dijaman kiwari;

13bari manteng kana pidatangeunana mangsaning rahayu, nya eta wanci ebrehna kamulyaan Allah jeung Juru Salamet urang Nu agung, Isa Al Masih.

14Anjeunna geus ngorbankeun salira ngabela urang, sangkan urang luput tina sagala nu jahat, ngajadi hiji umat anu geus disucikeun tina dosa, sarta rajin ngalampahkeun kahadean.

15Tah wurukkeun kitu. Dina mere sumanget jeung ngayakinkeun jelema, anjeun, sabisa-bisa kudu ngandung pangaruh; sangkan saha bae ge, ulah bisa ngajojore.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Titus 2):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Titus 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel