Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Titus 3 >> 

1Anjeun kudu ngawawadian Jamaah, supaya tunduk ka anu nyekel pingpinan, nurut kana pituduhna, sarta siap nohonan gawe nu hade.

2Ulah sok upat-sinuat ulah nyiar picekcokeun, hade tata hade basa ka itu ka ieu.

3Da urang ge tadina mah cupet, bantahan ka Allah, sasar, jeung jadi bujang kahayang, tukang ngumbar kasukaan, pikacuaeun batur bari silih pikangewa.

4Sukur, Allah, nu jadi Juru Salamet geus mintonkeun welas asih-Na,

5kersa nyalametkeun ka urang. Lain pedah urang hade laku; tapi eta mah, saestu ku karana sih piwelas-Na bae; Ari Mantenna nyalametkeun urang teh, nya eta ku jalan urang geus enya-enya narima baptisan anu ngalambangkeun yen urang teh geus ngajadi hiji jelema anu anyar dijurukeun sarta narima hirup anu salawasna dianyarkeun ku Ruh Allah.

6Eta Ruh Allah, dipaparinkeun ku Allah ka urang teh tanpa wates wangen, ku perantaraan Isa Al Masih, Juru Salamet urang.

7Ku berkahna sih kurnia Isa Al Masih, urang teh bisa nyorang hirup anu bener, tur aya hak meunang warisan tina hirup anu langgeng, anu keur diarep-arep tea.

8Ieu teh pasti, hamo gagal. Omat, hal ieu muga ditetelakeun enya-enya ku anjeun, sangkan anu keur aribadah teh suhud junun dina kahadean. Tanwande gede tur alus mangpa'atna.

9Ulah sina beunang kapancing ku anu niat ngajak padu sual berendelan ngaran-ngaran karuhun bari nyawalakeun ajaran Toret nepi ka matak parasea. Kalakuan kitu teh, siwah tur sama sakali taya gunana.

10Anu sok ngabengkahkeun mah, lamun geus teu beunang diingetan ku sakali dua kali, geus ulah dipirosea deui.

11Kama'lum ku anjeun ge, jelema kitu mah sasar, engke ge kahukum ku polahna sorangan.

12Upama utusan simkuring geus datang ka anjeun, duka Artemas duka Tihikus, sabisa-bisa anjeun kudu geuwat neang simkuring ka kota Nikopolis; sabab salila usum tiris mah, simkuring rek mukim heula di dinya.

13Pangnulungankeun Senas, ahli hukum tea, kitu deui Apolos. Sabisa-bisa, pangihtiarkeun sagala kaperluanana, sina maranehna buru-buru bisa mariang ngalakonan gawe.

14Dulur-dulur ge, ku anjeun nasehatan: Kudu dialajar digawe kituh, nyiar rejeki anu halal keur nyumponan pangabutuh sorangan, malar hirupna aya gunana.

15Dulur-dulur anu keur bareng jeung simkuring ayeuna, ngaririm salam. Pangnepikeun salam sono simkuring ka dulur-dulur saiman. Mugi-mugi rahmat Allah nyarengan ka saderek.


  Share Facebook  |  Share Twitter

Download Audio MP3 (Titus 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Titus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel