Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Amsal 27 >> 

1Ulah sok agul ku poe isuk, da moal nyaho ka nu baris kajadian isukan teh.

2Utamana dipuji teh ku batur, komo ku nu teu wawuh mah. Ulah muji maneh.

3Kasusah anu dilantarankeun ku kabodoan sorangan, leuwih beurat batan batu, leuwih ampeg batan keusik.

4Amarah teh bengis tur ngaruksak. Tapi sirik-pidik mah leuwih-leuwih.

5Leuwih hade nyawad terus terang, ti batan disangka embung malire-malire acan.

6Najan matak nyeri, ari ti sobat mah hade maksudna. Sabalikna lamun musuh ngarangkul, urang kudu curiga.

7Beuteung geus seubeuh mah madu ge embung. Sabalikna lamun eukeur kalaparan, nu pait ge asa amis.

8Jalma anu ninggalkeun imah, lir manuk ninggalkeun sayang.

9Minyak jeung seuseungitan kaangseuna seger, ari sobat dalit matak teger.

10Ulah sok poho ka sobat, kitu deui ka sobat bapa. Waktu keur meunang kasusah, teu kudu menta tulung ka dulur. Tatangga deukeut leuwih bisa nulung ti batan dulur nu jauh.

11Sing bijaksana anaking, sangkan Bapa senang, jeung sangkan Bapa bisa ngajawab ka anu nyela ka Bapa.

12Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.

13Pohara kabalingerna sasanggupanan rek mangmayarkeun hutang batur teh, lantaran kudu jeung wani naruhkeun sakabeh kaboga.

14Ngawilujengkeun oge ari subuh-subuh jeung bari gogorowokan ngahudangkeun mah sarua bae jeung nyarekan.

15Pamajikan cerewed ibarat cai nyakclakan keur ngecrek hujan.

16Rek kumaha ngeureunkeunana? Ibarat megatan angin atawa ngeupeul minyak.

17Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.

18Lamun tangkal hayang kadahar buahna, kudu diurus hade-hade. Lamun hayang dipikanyaah ku dunungan kudu ngesto.

19Lir beungeut sorangan kajeueung di jero cai, diri sorangan katempo di jero hate.

20Angen-angen manusa taya beakna, lir alam kubur anu tara pinuh-pinuh.

21Emas jeung perak diujina ku seuneu, ari jelema dicobana ku pamuji.

22Nu gejul mah diteunggeulan satengah paeh ge angger bae gejul.

23Embe, domba, ingon-ingon, urus raksa sabisa-bisa,

24da kakayaan teh moal saendeng-endeng. Malah bangsa-bangsa oge moal langgeng.

25Ngarit jarami, ngarit jukut di lamping pasir, sabot kitu ge jarami anyar jaradi deui. Ngarit teh kudu pindah ka pasir.

26Hayang boga pakean, nyieun lawonna tina bulu domba. Hayang boga tanah, meuli. Duitna tina ladang ngajual embe.

27Embe anu sawarehna deui peres susuna, keur inumeun maneh sakulawarga, kitu deui keur badega-badega awewe.



 <<  Amsal 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel