Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Tawarikh 35 >> 

1Yosia mestakeun Paska di Yerusalem pikeun ngamulyakeun PANGERAN. Dina tanggal opat welas bulan kahiji, anjeunna miwarang peupeuncitan pikeun kaperluan pesta.

2Para imam ku anjeunna dipiwarang ngalampahkeun kawajibanana di Bait Allah bari dideudeul sumangetna sangkan saruhud.

3Ka urang Lewi anu jaradi juru wulang rahayat Israil, tur geus disarucikeun pikeun PANGERAN, anjeunna marentah kieu, "Tempatkeun Peti Perjangjian suci di Bait Allah anu diadegkeun ku Raja Suleman putra Raja Daud. Jadi maraneh teu kudu ngagarotong deui eta peti ka ditu ka dieu. Kawajiban maraneh ayeuna kudu kumawula ka PANGERAN Allah maraneh, jeung Allah umat-Na, urang Israil.

4Geura areusian tempat anu geus dibakukeun pikeun maraneh di Bait Allah, nurutkeun jajaran golongan masing-masing, sapagodos jeung kawajiban maraneh anu geus dibakukeun ku Raja Daud jeung ku Raja Suleman putrana.

5Nyokot tempatna atur sing rapih, sing matak babari ka anu rek ngabantu ka unggal kapala kulawarga Israil bagianana masing-masing.

6Anak domba pikeun Paska jeung embe-embe jalu kudu ku maraneh dipeuncitanana. Pek geura susuci sangkan bisa terus tatahar pikeun kurban-kurban, supaya dulur-dulur maraneh sasama Israil bisa naredunan papakon-papakon anu ku Allah diparentahkeun ku jalan Musa tea."

7Pikeun kapentingan rahayat anu ngalakonan Paska, Raja Yosia nyumbangkeun tilu puluh rebu domba, anak domba, jeung anak embe, jeung tilu rebu sapi, tina kagunganana ku anjeun.

8Ponggawa-ponggawana oge nyarumbang pikeun rahayat, pikeun para imam, jeung pikeun urang Lewi. Ari para pajabat anu ngatur urusan Bait Allah, nya eta Hilkia Imam Agung, Jakaria, jeung Yehiel, nyumbang dua rebu genep ratus anak domba jeung anak embe pikeun para imam, jeung tilu ratus sapi keur kurbankeuneun sapanjang pesta.

9Para pamingpin urang Lewi, Konanya, Semaya, jeung Netanel saderekna, Hasabya, Yiel, jeung Yosabad, nyidekahan urang Lewi lima rebu anak domba jeung anak embe, jeung lima ratus sapi sina dikurbankeun.

10Sanggeus sagala kaperluan pikeun Paska geus tarapti, para imam jeung urang Lewi merenahkeun maneh satempat-tempatna luyu jeung pituduh ti raja.

11Anak domba jeung anak embe geus dipeuncitan, tuluy disisitan ku urang Lewi, getihna ku para imam dikepret-kepret kana altar.

12Daging pikurbaneun dibagi-bagikeun ka jalma rea nurutkeun jajaran kulawarga masing-masing keur kurban beuleuman, sina dikurbankeun sapagodos jeung papakon dina Hukum Musa.

13Eta kurban-kurban Paska ku urang Lewi dipanggang sakumaha ceuk papakonna. Daging pikeun kurban-kurban suci dimasakna dikulub dina dalung, dina kancah, jeung dina panci. Geus arasak buru-buru dibagikeun ka jalma rea.

14Geus kitu urang Lewi misahkeun daging keur maranehna sorangan, keur para imam turunan Harun, jeung keur para imam anu digarawe nepi ka peuting nyanggakeun kurban anu dibeuleum gembleng, jeung ngaduruk gajih sato-sato kurban.

15Urang Lewi anak putu Asap anu ahli nabeuh geus tarapti di tempatna anu baku sakumaha aturan ti Raja Daud: Asap, Heman, jeung Yedutun jurupeleng raja. Para pangawal lawang-lawang Bait Allah taya anu ninggalkeun jagaanana, sabab daging Paska keur maranehna geus disadiakeun ku urang Lewi sejenna.

16Sagala rupa anu kudu dilampahkeun poe eta sakumaha anu diparentahkeun ku Raja Yosia, nya eta ngabakti ka PANGERAN nedunan Paska, jeung nyanggakeun kurban-kurban beuleuman dina altar, geus rengse.

17Nepi ka tujuh poe lilana urang Israil anu kumpul di dinya mestakeun Paska jeung nedunan Pesta Roti Teu Make Ragi.

18Ti jaman Nabi Samuel, kakara harita aya anu mestakeun Paska sakitu rosana. Nya kitu deui raja-raja anu ti hareula, tacan aya anu mestakeun Paska kawas ieu anu diayakeun ku Raja Yosia, para imam, urang Lewi, urang Yuda, urang Israil, jeung urang Yerusalem,

19anu diayakeunana dina taun kadalapan welas pamarentahan Yosia.

20Hiji mangsa sanggeus Raja Yosia midamel eta sagala rupa pikeun Bait Allah, Raja Neko ti nagara Mesir budal nyandak baladna arek perang di Karkemis di sisi Walungan Eprat. Yosia kaluar kersana rek ngahalang-halang.

21Tapi Neko ngintun utusan nepikeun timbalanana anu kieu, "Perang anu keur dilakonan ku kaula ayeuna teu aya patalina jeung sampean, raja Yuda. Kaula sanes rek merangan sampean. Kaula mah rek merangan musuh, tur geus ditimbalan ku Allah yen kudu buru-buru. Allah aya di pihak kaula. Jadi sampean ulah kagungan niat ngayonan kaula bilih dicilakakeun ku Mantenna."

22Tapi Yosia keukeuh bae rek merangan. Timbalan Allah ku jalan Raja Neko ku anjeunna teu dipalire. Seug nyamar terus majeng perang di lapang Megido.

23Dina eta perang anjeunna keuna ku jamparing urang Mesir, seug nimbalan ka abdi-abdina saurna, "Kami bawa ti dieu. Kami tatu parna!"

24Tuluy anjeunna dipayang tina karetana, dipindahkeun kana kareta sejen anu geus sadia di dinya, tuluy dibawa ka Yerusalem. Tapi tuluy pupus. Seug dikurebkeun di makam karajaan, diceungceurikan ku sakabeh urang Yuda jeung urang Yerusalem.

25Nabi Yermia ngadangding hiji kidung anu ngagambarkeun kasungkawaanana katilar ku Raja Yosia. Eta kidung jadi biasa sok dilagukeun di Israil, ku awewe ku lalaki ana pareng maranehna keur kasuat-suat ku anjeunna. Eta kidung aya dina kumpulan kidung-kidung kanalangsaan.

26Sagala rupa anu dipidamel ku Yosia, hal bumaktina ka PANGERAN, hal pengkuhna kana Hukum PANGERAN

27jeung riwayat anjeunna ti awal nepi ka ahir, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil jeung Yuda.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Tawarikh 35 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel