Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ayub 26 >> 

1(26:1-2) Ayub: "Euleuh, mani capetang kitu eta anjeun, ngabela kuring anu nya lemah nya nandang lara!

2(26:1)

3Mani pertengtang mere bongbolongan ka jelema pantar kuring anu sakieu bodona!

4Cik, ka saha maksudna eta kasauran teh, ti saha meunang ilhamna."

5Bildad: "Arwah-arwah jelema nu geus maraot tingdaregdeg cai sapangeusina galumeter.

6Tempat pangancikan nu maraot nonggerak payuneun Allah, turub-turubna teu bisa ngalingan paningali-Na.

7Allah ngadingdingkeun langit di tungtung kaler, ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung.

8Mantenna minuhan mendung ku cai, tur mendungna teu datang ka bedah.

9Bulan purnama direueukan ku mega.

10Caang dipisahkeun ti nu poek, wawatesanana ngagulimeng tepung gelang luhureun sagara.

11Lamun tihang-tihang langit diinggeung-inggeung, seug eta teh genjlong, gumeter bawaning ketir.

12Ku pangawasa Mantenna laut datang ka tagiwur. Rahab si naga laut ge kasoran, tiwas ku kawijaksanaan Mantenna.

13Ku napas Mantenna bray langit lenglang, panangana-Na newak naga laut nu keur kabur, bek dipaehan.

14Eta anu sakitu poharana teh, kakara mangrupa kila-kilana bae tina kakawasaan Mantenna, minangka harewos-harewos-Na anu katepi ku ceuli urang. Geus komo teuing kaagungan Mantenna sagemblengna, pamohalan bisa kajugjugan."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ayub 26 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel