Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 20 >> 

1(20-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (20-2) Mugia PANGERAN ngamakbul paneda anjeun dina mangsa rupek, mugia Allahna Yakub ngaraksa ka anjeun.

2(20-3) Mugia anjeun dikirim pitulung ti Bait-Na, dipaparin pangdeudeul ti Gunung Sion.

3(20-4) Mugia Mantenna kersa nampi sadaya pangbakti anjeun, mugia sadaya kurban anjeun ka Mantenna kalandep.

4(20-5) Mugia kahoyong anjeun ku Mantenna dikabul, sagala rancangan anjeun sing dilangsarkeun.

5(20-6) Kaunggulan anjeun tangtos dipapag ku surak, dipestakeun ku pamuji ka Allah urang. Mugia sapaneja anjeun ku PANGERAN dikabul.

6(20-7) Ayeuna abdi yakin, PANGERAN teh maparin kaunggulan ka raja kenging-Na milih, ngamakbul ti sawarga-Na nu suci, ku kawasa-Na, raja disina sakitu unggulna.

7(20-8) Aya nu ngandelkeun kareta perangna, aya nu ngandelkeun kudana, ari andelan urang mah kakawasaan PANGERAN, Allah urang.

8(20-9) Maranehna bakal tisusut rarubuh, ari urang mah baris teteg, nangtung tagen.

9(20-10) Nun PANGERAN, sang raja sing unggul; upami ku abdi-abdi disambat, Gusti mugi ngawaler.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel