Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 21 >> 

1(21-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (21-2) Nun PANGERAN, raja teh bingah reh ku Gusti dipaparin kakiatan, ngaraos suka reh ku Gusti disina unggul.

2(21-3) Paneja manahna ku Gusti diridoan, pamundutna ku Gusti ditedunan.

3(21-4) Gusti sumping ka anjeunna, nyandak pirang-pirang berkah, anjeunna dimakutaan ku makuta emas.

4(21-5) Anjeunna mundut hirup, ku Gusti dikabul, malah sina panjang yuswa salalamina.

5(21-6) Ku pitulung Gusti, raja jadi kacida mulyana, disina kamashur sareng agung.

6(21-7) Ku Gusti teu kendat-kendat diberkahan, ku Gusti disarengan, kalintang sukaeunana.

7(21-8) Raja teh muntangna ka PANGERAN Nu Maha Kawasa, sarta ku lantaran terus dipikaasih ku PANGERAN, tangtu anjeunna aman sapapanjangna.

8(21-9) Anjeunna baris ngaboyong musuh-musuhna, ngaboyong sakur anu mikaijid ka anjeunna.

9(21-10) Ana anjeunna sumping, maranehna tangtu dibasmi lir ku seuneu ngagebur. Maranehna bakal musna ku amarah PANGERAN, jeung ku seuneu nepi ka beak.

10(21-11) Turunan maranehna moal aya anu nyesa kabeh bakal dibasmi ku raja.

11(21-12) Musuh ngatur siasat, rek ngalawan ka anjeunna, tapi moal hasil.

12(21-13) Jamparing raja bakal tingbelesat ka maranehna nepi ka maranehna lalumpat kalabur.

13(21-14) Abdi sadaya muji Gusti, nun PANGERAN, reh Gusti sakitu digjayana. Abdi sadaya sumeja nyanyi sareng muji kakawasaan Gusti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel