Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 29 >> 

1Jabur Daud. He mahluk-mahluk sawarga, agungkeun PANGERAN, agungkeun kamulyaan jeung kakawasaana-Na.

2Mulyakeun jenengana-Na nu agung, kudu marendek di payuneun Nu Maha Suci, lamun Anjeunna sumping.

3Gentra PANGERAN kadenge di lautan, Allah nu langkung mulya gentra-Na gumuruh, soanten-Na handaruan minuhan sagara.

4Gentra PANGERAN kadenge, pinuh ku pangawasa, pinuh ku wibawa.

5Gentra PANGERAN ngaruntuhkeun tangkal-tangkal kiputri, malah ngarungkadkeun kiputri Libanon.

6Gunung Libanon ku Mantenna nepi ka ngajret siga anak sapi, Gunung Hermon ngajaul lir anak banteng.

7Gentra PANGERAN ngabijilkeun kilat anu nyamber,

8soanten-Na ngoyagkeun gurun keusik, ngendagkeun gurun Kades.

9Gentra PANGERAN ngoyagkeun tangkal-tangkal kiara, dangdaunan murubut, tangkalna mani purutul, tapi nu araya di Bait Allah mah ngagero, "Mulyakeun Allah!"

10PANGERAN murba ka sakabeh cai jero, jumeneng raja salalanggengna.

11PANGERAN maparin kakuatan ka umat-Na, maparin berkah kasantosaan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 29 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel