Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 37 >> 

1Ti Daud. Ulah salempang ku lampah jalma jahat, ulah kabita ku talajak jalma goreng.

2Nu kararitu lir jukut garing kahalodoan, ibarat dangdaunan alum ngajadi kalakay.

3Sing percaya ka PANGERAN, lampahkeun nu hade pek cicing di lemah cai, sing tengtrem.

4Teangan kabagjaan di PANGERAN, angen-angen maneh ku Mantenna baris dicumponan.

5Pasrahkeun hirup ka PANGERAN, puntangan piwelas-Na, tangtu nulungan,

6lampah bener maneh ku Mantenna bakal disina atra lir panonpoe wanci manceran.

7Masing sabar ngadago polah PANGERAN, ulah dengki mun nenjo batur mukti, sarta rarancang jahatna ngajadi.

8Ulah ambek atawa panas hate, sabab ngan matak susah bae.

9Nu muntang ka PANGERAN baris ngamilik tanah, sabalikna nu jarahat tangtu ku Mantenna ditundung.

10Nu jarahat bakal gancang musna, barang diteang geus teu araya.

11Demi anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening.

12Anu jahat ngamusuh ka anu bener, mani delek-delek bakat ku ngewa.

13Tapi ku PANGERAN mah eta teh digumujengkeun, da geus kauninga yen geus tereh ditumpurkeun.

14Jalma jahat matek pedang, mentang jamparing, rek mergasa nu balangsak, nu walurat, rek ngabinasa ka nu balener lampahna.

15Tapi maranehna bakal paraeh ku pedangna sorangan, gondewa-gondewana paringges.

16Najan saeutik, rejeki jalma bener mah leuwih maslahat, batan kakayaan tina ladang kajahatan;

17sabab kakuatan jalma jahat ku PANGERAN bakal dipinggeskeun, ari mungguh jalma bener ku Mantenna tangtu dideudeul.

18Hirupna jalma ibadah ku PANGERAN diraksa diriksa, sarta tanah milikna tangtu kapiboga salalawasna.

19Dina musim werit hamo nepi ka walurat, dina usum tigerat hamo nepi ka kurat-karet.

20Sabalikna nu jarahat pasti paraeh, musuh PANGERAN bakal musna cara kembang tegal, ilang musna cara haseup.

21Jalma jahat ana nginjeum tara mulangkeun, sabalikna jalma bener mah karunyaan jeung berehan.

22Nu diberkahan ku PANGERAN tangtu bakal ngamilik tanah, sabalikna nu ku Mantenna disapa, tangtu baris disingkahkeun.

23PANGERAN nungtun hirup jalma di jalan sorangeunana, nangtayungan ka sakur anu kamanah ku Mantenna.

24Lamun maranehna labuh, moal ngudupung bae, sabab tangtu ku PANGERAN dihudangkeun deui.

25Ti ngongora tepi ka kolot kieu, acan kungsi kaula nenjo jalma bener diantep ku PANGERAN, nepi ka anak incuna kapaksa jajaluk menta dahareun.

26Malah sabalikna anggur barisa mere maweh, tutulung ka nu barutuh, turta anak incuna ngajadi berkah.

27Ku kituna nu goreng kudu disinglar, nu hade hempek lampahkeun, malar turunan bisa matuh tengtrem-tingtrim salalawasna.

28Sabab PANGERAN asih ka sakur jalma bener, umat nu satia ku Mantenna hamo ditilar, nu saratia tangtu diraksa salalawasna, sabalikna turunan jalma jahat mah tangtu ditundung.

29Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.

30Jelema bener nyaritana wijaksana, satincak-tincakna jujur satarabasna.

31Hatena kaancikan timbalan PANGERAN, rengkak polahna hamo ingkar ti dinya.

32Anu jahat gawena ngintip-ngintip ka nu bener, neangan jalan hayang maehan.

33Tapi karepna kitu teh moal bisa, sabab teu kawidian ku PANGERAN. Sanajan jalma bener nepi ka kudu jagrag ka pangadilan, PANGERAN hamo ngantep nepi ka manehna meunang hukuman.

34Masing ngaharep ka PANGERAN, mangka tumut kana timbalana-Na, tangtu ku PANGERAN dikuatkeun geusan bisa miboga tanah pusaka, sarta maneh baris puas hate nenjo nu jarahat dibuburak.

35Kungsi kaula nenjo aya jalma jahat jeung lalim, hirupna subur makmur jeg tangkal kiputri di Libanon;

36tapi barang diilik deui, geus euweuh, diteangan weleh teu kapanggih.

37Pek bandungan nu ibadah, nu bener, jalma resep rapih mah turunanana ge tangtu rendey.

38Sabalikna nu boga dosa tangtu diancurkeun, sarta turunanana tangtu disingkirkeun.

39Jalma bener ku PANGERAN disalametkeun, diraksa dina mangsa meunang tunggara.

40Ku PANGERAN ditulungan, dirahayukeun, diluputkeun ti nu jarahat lantaran nyalindung ka Mantenna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 37 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel