Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 15 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula.

2"Eh anak manusa," timbalana-Na, "naon bedana areuy anggur jeung tangkal kai? Naon leuwihna dahan tina tangkal anggur ti kai-kai leuweung?

3Bisa eta teh dijieun jadi hiji barang? Bisa dijieun gantungan upamana, paragi ngagantungkeun parabot?

4Alus keur nyieun seuneu wungkul. Lamun tungtung-tungtungna geus beak kabeuleum jeung tengahna geus jadi seuneu, na bisa dipake juan-jieun?

5Keur memeh kaduruk geus teu bisa dipake naon-naon, komo lamun geus tutung, moal bisa kapake naon-naon."

6Ku sabab eta, kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung: "Ibarat tangkal anggur diala ti leuweung tuluy diduruk, jelema-jelema nu araya di Yerusalem ku Kami rek dicokot,

7sarta tuluy dihukum. Maranehna kungsi luput tina seuneu. Tapi ku seuneu anu ayeuna mah pasti beak kaduruk. Waktu maranehna keur dihukum kitu bakal tetela ka maneh yen Kami teh PANGERAN.

8Maranehna geus miceun Kami. Ku sabab kitu ieu kota ku Kami rek dijieun leuweung." Kitu timbalan PANGERAN.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel