Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 40 >> 

1Sanggeus kaula dikaluarkeun ku Nebusaradan tina tahanan di Ramah, PANGERAN nimbalan. Barang mimiti mah kaula oge dirante, cara urang Yerusalem jeung urang Yuda anu keur diakut ka Babul jaradi tawanan.

2Geus kitu kaula dipisahkeun ka sisi ku kapala pasukan, sarta manehna ngomong kieu ka kaula, "Ieu nagri kapungkur diancam bade dibasmi ku PANGERAN, Allah panutan Bapa.

3Eta ancaman ayeuna parantos bukti, lantaran bangsa Bapa boga dosa ka PANGERAN, teu narurut ka Anjeunna.

4Bapa ayeuna bebas, eta rante urang buka tina panangan. Bilih Bapa bade ngiring ka Babul mangga, tangtos diperyogikeun. Kajabi ari teu kersa nya sawios bade ka mana oge. Di ieu tanah Bapa laluasa milih bade linggih di mana."

5Ku sabab kaula teu ngajawab, Nebusaradan ngomong deui, "Saena Bapa mulih teh ka Gedalya bin Ahikam, putu Sapan. Anjeunna ku raja Babul parantos diangkat jadi gupernur di tanah Yuda. Nanging eta mah kumaha kersa, naha bade di anjeunna sareng urang dinya, naha bade di mana." Kitu carekna bari sok mere pisangueun, tuluy ngajurung laku.

6Bral kaula indit ka Mispa, ka bumi Gedalya, rek ngahiji jeung rahayat anu araya keneh di nagri Yuda.

7Aya sababaraha urang perwira urang Yuda katut perjurit-perjuritna anu henteu taraluk ka urang Babul. Mareunang beja yen Gedalya ku raja Babul diangkat jadi gupernur, ngurus rahayat anu teu diboyong ka Babul, rahayat anu pangmalaratna di eta tanah.

8Seug daratang katut perjurit-perjuritna ka Gedalya, di Mispa: Ismail bin Netanya, Yohanan bin Kareah, Seraya bin Tanhumet, anak-anak Epai urang Netopa, jeung Yesanya urang Maaka.

9Ari saur Gedalya ka maranehna, "Tong asa-asa tunduk ka urang Babul, ku Bapa ditanggung. Sing jarongjon hirup di ieu nagri bari kumawula ka raja Babul, tangtu jamuga.

10Ari Bapa mah tetep di dieu di Mispa, ngawakilan aranjeun ari urang Babul ka darieu. Kawajiban aranjeun nya eta ngumpulkeun anggur, bubuahan, jeung minyak jetun. Pek sing jarongjon sadesana-sadesana."

11Beja yen raja Babul ngidinan sabagian urang Israil caricing di tanah Yuda, tur geus ngangkat Gedalya jadi gupernurna, kadarenge ku urang Israil anu bacacar di tanah Moab, tanah Amon, tanah Edom, jeung di tempat sejenna.

12Seug maranehna marulang ka tanah Yuda, ninggalkeun tempat masing-masing, tuluy daratang ka Gedalya di Mispa. Maranehna oge dibere kawajiban ngumpulkeun anggur jeung bubuahan masing loba.

13Yohanan jeung kapala-kapala perjurit anu henteu taraluk, daratang ka Mispa nepungan Gedalya.

14Tuluy arunjukan, pokna, "Kumaha Bapa parantos uninga? Bapa nuju diarah bade ditelasan ku Ismail, dititah ku Raja Baalis, raja urang Amon." Tapi Gedalya teu percayaeun.

15Seug Yohanan unjukan rerencepan pokna, "Idinan abdi, Ismail urang paehan. Ditanggel moal aya nu terangeun. Bapa ulah ngantep salira, nu hasud ulah diantep. Bilih urang Yahudi anu araya di Bapa pabalencar, tangtos matak bahla ka sadayana anu araya keneh di Yuda."

16Ari waler Gedalya, "Ulah! Bapa teu percaya Ismail kitu!"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 40 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel