Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 63 >> 

1"Saha ieu nu sumping ti Bosra tanah Edom? Saha ieu, anu anggoanana murub mubyar warna beureum, gagah rosa angkatna gandang?" PANGERAN! Nu geus iasa nyalametkeun. Sumpingna seja ngembarkeun yen Mantenna geus unggul.

2"Ku naon raksukana-Na mani beureum kawas tas ngaluluh buah anggur leueuteun?"

3PANGERAN ngawaler, "Kami tas ngaluluh bangsa-bangsa. Diluluh kawas buah anggur. Diluluh ku Kami sorangan teu dibantuan ku saha-saha. Kami wera, bangsa-bangsa teh dileyek, getihna keuna kana pakean Kami.

4Sabab geus waktuna Kami nyalametkeun umat, geus waktuna musuh-musuhna dibasmi.

5Kami heran kacida bet euweuh anu ngabantu ka Kami. Tapi ku bawaning wera Kami jadi rosa, sorangan ge bisa unggul.

6Nya ku bawaning wera, sakabeh bangsa ku Kami diluluh nepi ka ajur, getihna tamplok kana taneuh."

7Kaula rek nyaritakeun kaasih PANGERAN anu teu keuna ku robah. Kaula muji sukur ku sagala damel-Na pikeun urang. Berkah-Na ka urang Israil taya wiwilanganana, welas asih-Na langgeng sapapanjangna.

8PANGERAN ngadawuh, "Maranehna teh umat Kami, moal ingkar ti Kami." Ku karana eta maranehna ku Mantenna dijait

9tina sagala kasangsaraanana. Anu nyalametkeun maranehna teh lain malaikat, tapi PANGERAN ku manten. Mantenna kersaeun nyalametkeun teh ku karana nyaah jeung welas ka maranehna. Ti baheula keneh maranehna teh ku Mantenna diasuh-asuh,

10tapi maranehna ngalawan bae, nganalangsakeun manah-Na. Ku sabab kitu maranehna teh ku PANGERAN disusuker, diperangan.

11Ti dinya maranehna aringeteun ka jaman baheula, ka jaman Musa abdi PANGERAN tea. Timbul pertanyaanana, "Ayeuna di mana eta PANGERAN anu bareto nyalametkeun para pamingpin umat-Na ti laut teh? Di mana ayeuna PANGERAN anu bareto maparin sumanget ka Musa teh?

12(63:12-13) Di mana ayeuna PANGERAN anu bareto ngadamel kaajaiban-kaajaiban anu dilaksanakeunana ku Musa teh, anu meulah cai laut, anu nuyun umat-Na nyorang cai jero, datang ka Mantenna kamashur salalawasna?" Maranehna ku sabab dituyun ku PANGERAN, lengkahna tara nyalahan, tara tijalikeuh, lir kuda umbar bae.

13(63:12)

14Maranehna ku PANGERAN dituyun, dibawa ka tempat reureuh, kawas ingon-ingon ditungtun ka lebak anu lendo. PANGERAN nuyun umat-Na, jadi matak mulya kana pajenengana-Na.

15Nun PANGERAN anu linggih di sawarga anu suci sareng mulya, tingali ieu abdi-abdi. Ku naon nu mawi teu kersa geten deui ka abdi-abdi, teu kersa mintonkeun deui kakawasaan, henteu kersa mikawelas sareng mikanyaah deui? Nun, mugi ulah ngantep!

16Gusti teh rama abdi sadaya. Karuhun abdi-abdi, Ibrahim sareng Yakub, ka abdi-abdi teu tarerangeun. Nanging PANGERAN mah rama abdi-abdi anu salamina nulung nyalametkeun.

17Ku naon Gusti ngantep abdi-abdi nyimpang tina jalan Gusti? Ku naon abdi-abdi didamel jadi sakieu wangkelangna dugi ka mungkuran ka Gusti? Mugi kersa nyumpingan deui. Mugi sing emut ka anu ngarabdi, ka umat kagungan Gusti ti kapungkur keneh.

18Abdi-abdi, umat suci Gusti, diudag-udag ku musuh. Tempat kasucian Gusti oge diluluh ku musuh.

19Abdi-abdi bet didamel sapertos sanes umat erehan Gusti, sapertos sanes umat kagungan Gusti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yesaya 63 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel