Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Zakharia 1 >> 

1Dina bulan kadalapan taun kadua pamarentahan Darius raja Persia, PANGERAN maparin ieu amanat ka Nabi Jakaria bin Berekya putu Ido.

2PANGERAN Nu Maha Kawasa ngembankeun timbalan ka Jakaria keur ka umat-Na. Kieu timbalana-Na, "Baheula Kami teh geus kacida jengkelna ka karuhun-karuhun maraneh.

3Ayeuna ka maraneh Kami menta, hiap baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh.

4Ulah cara karuhun maraneh. Maranehna geus dibere amanat Kami ku nabi-nabi, dielingan ulah nyieun dosa, ulah daroraka bae sapapanjangna. Tapi teu narurut, Kami henteu dipalire.

5Karuhun-karuhun maraneh, kitu deui nabi-nabi, geus teu araya.

6Geus cukup Kami mere papakon-papakon jeung pepeling ka karuhun-karuhun maraneh ku jalan abdi-abdi Kami, nabi-nabi tea, tapi parura-pura bae, heug bae nandangan balukarna. Geus kitu kakara tarobat jeung rarumasa yen Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, geus sapantesna ngahukum ka maranehna, satimpal jeung kalakuanana, sarta luyu jeung putusan Kami."

7Dina taun kadua pamarentahan Raja Darius, dina tanggal dua puluh opat bulan kasabelas (Bulan Sebat), PANGERAN maparin ieu amanat suci ka sim kuring dina hiji titingalian ti peuting.

8Sim kuring ningal aya hiji malaikat PANGERAN, tunggang kuda beureum. Reg liren antara tangkal-tangkal kupa di hiji lengkob. Di pungkureunana aya deui kuda sababaraha hiji, buluna aya nu beureum, nu belang, nu bodas.

9Pok sim kuring naros, "Eta kuda teh naon pihartoseunana, Juragan?" Anjeunna ngawaler, "Engke ku Kami ditembongkeun.

10Eta kuda teh ku PANGERAN dipiwarang nalengteng jagat."

11Seug kuda teh ngaromong ka malaikat, "Sakuliah dunya parantos dilanglang. Kapendak parantos teu garaduh harepan, ngararuyung."

12Eta malaikat misaur, "Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, parantos tujuh puluh taun Gusti bendu ka Yerusalem sareng ka kota-kota di nagri Yuda. Bade dugi ka iraha Gusti tetep bendu teu kersa ngahapunten ka maranehna?"

13PANGERAN ngawaler ka eta malaikat ku pilahir anu matak lejar.

14Eta malaikat ka kaula miwarang, yen eta sabda PANGERAN kudu diembarkeun. Kieu eta sabda teh, "Kami liwat saking nya nyaah ka Yerusalem teh, kota Kami anu suci. Kami prihatin.

15Tapi Kami pohara jengkelna ka bangsa-bangsa anu keur garenah-genah ngararasakeun aman. Umat Kami, anu ku Kami mah geus henteu dibenduan deui, ku maranehanana anggur beuki diteungteuinganan.

16Ku sabab eta Kami perlu ka Yerusalem deui, arek nembongkeun kanyaah ka eta kota. Bait Kami rek diadegkeun deui, sarta kota Yerusalem rek dipulihkeun."

17Eta malaikat miwarang deui supaya kaula ngembarkeun kieu, "Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, kota-kota Mantenna baris makmur deui, sarta Yerusalem bakal ditulungan sakali deui jeung bakal diangken yen jadi kota kagungana-Na."

18Aya deui titingalan kaula, nya eta opat tanduk sapi.

19Sim kuring nanyakeun ka malaikat anu geus sasauran ka kaula tea, "Naon hartosna eta tanduk?" Waleranana, "Eta teh kakawasaan di dunya, anu ngawurkeun urang Yuda, urang Israil, jeung urang Yerusalem nepi ka pabalencar."

20Geus kitu sim kuring ku PANGERAN dipaparin ningal opat tukang beusi nyarekel palu.

21Kaula nanyakeun, "Eta bade naon?" Mantenna ngawaler, "Arek ngoyagkeun jeung ngagulingkeun bangsa-bangsa, anu geus ngaburak-barik Yuda jeung ngaburencaykeun jalma-jalmana."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Zakharia 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel